punten nya kang da ieu mah namung obrolan, upami aya nu kirang pas dina basa, 
sim kuring hapunten.
Sunda wiwitan sanes kepercayaan eta mah namung sebutan kangge urang sunda, 
saurna nu kapungkur, nu ayeuna di angkat deui ku nu hoyong ngagelarkeun ajaran 
sunda.
akang kantos teu ngadangu ajaran sunda wiwitan?
terus terang kuring mah sakedik pisan ngadangu ajaran sunda wiwitan. ngadangu 
na oge nembe 2 taun kamari upami teu lepat mah ku grup pak anis.
urang sunda nu ngagem kepercayaan (non agama) maca bahasa hartos wiwitan 
biasana mah sok aya wekasan, jadi urang sunda gaduh kepercayan yen sunda mah 
dugi kairaha oge moal leungit, ancur atanapi teu aya, sifatna langgeng.
upami dihubungkeun jeung Pangeran, eta mah langkung jero deui penjelasana, 
pastina oge cape ngetikna upami dina e-mail mah.
sanes alim ngajelaskeun, punten.
nuhun



----- Original Message ----
From: mj <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Monday, January 15, 2007 3:31:42 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Pangeling potingan lawas kapercayaan urang sunda 
baheula ti Mang Je

hehe, sunda langgeng teh kumaha maksadna? teu aya awal teu aya akhir teh
kumaha, tah? sanes pangeran nu kitu mah?

maksad wiwitan dina konteks ieu, eta, kapercayaan nu pangheulana diagem
urang sunda. agama sunda wiwitan, hartina agama (Atawa kapercayaan) urang
sunda asalna. da ayeuna seuseurna urang sunda ngagem agama sanes,Islam,
-sebut we agama impor ti timur tengah.

ari soal teu aya awal teu aya akhir mah sifat pangeran, sanes budaya nu
ngan jieunan jelema. budaya sorangan hirup jeung dihirupan jelemana, jadi
aya robahna, jst.

mj

http://geocities. com/mangjamal

> punten.tina basa sunda wiwitan nu hartosna Sunda asal saur sim kuring
mah
> eta tos lepat. Sunda mah teu aya wiwitan (awal/asal) sareng wekasan
(akhir) kumargi Sunda mah Langgeng. Komo upami dihubungkeun soal
kepercayaan urang Sunda, teu aya kitab sareng Nabi di Sunda mah, namina
oge Budaya warisan ti Luluhur Sunda.janten ulah di samikeun sareng
dibandingkeun sareng agama, margi sunda mah asli Indonesia bagian Jawa
Barat, upami agama mah di tingal ti asalna Islam : Arab, Kristen : Roma
,
> dll.
>
>





 
____________________________________________________________________________________
The fish are biting. 
Get more visitors on your site using Yahoo! Search Marketing.
http://searchmarketing.yahoo.com/arp/sponsoredsearch_v2.php

Kirim email ke