mengpeung nganggur kuring rek ngacung.. ngan embung jadi pupuhu mah.. ncan
bisa...
jadi naon welah...... da' nengan gawe cape... teu menang wae... komo
nenangan proyek mah.. hese.. aya asgar jadi gegede oge bujeng2 mere
project... diajakkerja sama oge hese...
sok lah.. jadi naon kuring pantesna,...




On 1/10/07, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:



bulan februari 2007 isuk, dina akte, pangurus seep masa jabatanana. tah
kanu kersa janten pupuhu, mangga ngacung. kuring moal incah, mun
dikacikeun ku pupuhu anyar, rek neruskeun hanca pasaka, program pabukon
simpay katresna tea.

salila ieu, kapangurusan wakil, bendahara jeung sekretaris ngan ukur legal
formal/ditunjuk tonggong-sangkan bisa jadi yayasan, pangna teu maksa
kuring neangan bendahara jeung sekretaris nu enya2 bisa gawe, alatan
pagaweanana oge can loba da yayasanana masih leutik keneh. jadi sangkan
praktis dina lengkahna, da can loba kagiatan, ngan ukur narima kiriman
kencleng pikeun meulian buku jeung ngirimkeun ka desa2 di jabar nu sadia
dititipan buku. dibantu ku urang kusnet nu neangan tempatna oge
nganteurkeun bukuna.

----------------------------
Program anyar Beasiswa Simpay Katresna : Program Anak/Adi Asuh
usul ti Apih Sidik, urang ngalegaan hanca. ngayakeun program anak/adik
asuh. nu kungsi dilakonan teh BSK, beasiswa simpay katresna, pangmayarken
spp pikeun barudak SD satauneun. aya 40an murid di opat SD di ciamis nu
nampi. dieureunkeun sabab spp SD diharatiskeun ku pamarentah.

program ieu bisa ku urang diteruskeun. rupana nya beasiswa oge, make pola
anak/adik asuh. sabaraha sabulana, jeung kumaha cara ngirimna, mangga
usul. dana yp aya 7jutaan. dua-tilu juta pikeun program adik/anak asuh,
5-4 juta disesakeun pikeun pabukon.

ka sing saha nu di lembur, atawa nu bisa milari info ka lembur, cing
pangmilariankeun anak yatim nu sakola SD di desa. urang pasihan beasiswa,
lain pikeun pangmayarkeun spp da haratis tea, tapi nya mantuan pangabutuh
sapopoe.

mun saurang Rp 50 rebu/bulan, sataun Rp.600.000,
4-an x 600.000, sataun Rp 2.400.000.-
5-an x 600.000, sataun Rp.3.000.000.-

mun tiasa mah aya urang kusnet nu kersa ngurus widang BSK, beasiswa simpay
katresna. nya seksi ingkigna.

tapi saheulaan danana can gede, jadi ngan karek bisa ka opatan/limaan, mun
make itungan di luhur. mangga we balap, asgar, urang sumedang, urang
tasik, urang ciamis, urang subang/sumedang, cianjur, kuningan, majalengka,
jrrd, milari 4-5 anak yatim di lembur. data lengkepna, fotona, jeung cara
ngirim dana, jsb.

kumaha mun make sarat kieu (karek usul): teu meunang aya hubungan
pancakaki jeung urang kusnet. mun masih keneh dulur mah atuh, bantu we ku
salira!

siga dina iklan promo tea, program ini tidak berlaku untuk anak dan
keluarga dekat anggota kusnet dan biro iklannya.

sakitu heula

mj

http://geocities.com/mangjamal






--
----------------------------------------------------------------------
AGUS PAKUSARAKAN
08128377662
www.hr-uwj.com (mangga geura deu2l dulur urang rek manggung
----------------------------------------------------------------------
Koperias Amanah Sunda
www.inkas.wordpress.com
www.azzoman.wordpress.com
www.azzoman.indonetwork.co.id
www.indonetwork.co.id/azzoman
---------------------------------------------------------------------
http://aguspakusarakan.blogspot.com/
http://geocities.com/prabu_siliwangi
http://geocities.com/lodaya_9
http://siliwangi.blogs.friendster.com

Kirim email ke