>>Akang Suteja anu kasep anu bageur, Anjritt.., irung kami kuat nyingsat. Hanjakal kami mah lalaki normal >>Aduh matak reueus aya pejabat model akang ngiringan milist kieu,kade ah padamelan utami bangkar Padamelan kuring nu utami nya ngotektak ramatloka. Bilih teu apal, kuring digawe ngagugulukeun komeng alias komputer engineering >>maranehnamah masih aya kawani ......bari jeung teu sieun risiko anu bakal tumiba kana dirina sorangan, boh diteror ku kaum borjuis, atawa para pejabat anu korup, malah teu aya motive hayang dibayar sagala. Nyayahoanan ah. Bisi pajahkeun kuring KKO, cik coba kotektak arsip berita taun 80-an. Teangan ngaran saha bae anu harita digegewek ku para panguasa. Kuring mah tara loba catur tanpa bukur, da lain nguyup bajigur. Emut keneh ka tukang bajigur tea, kulan? >>Ayeuna urang tinggali kalakuan sababaraha pejabat atawa intelektual anu sanesna (selain akang tangtosna oge, margi akang Suteja mah pan pejabat anu hebat). GUE GITU LOH..... >>Kusieun-sieuna pejabat leungit jabatan atawa teu naek jabatan, ulah heran lamun manehna wani nyogok ka sasama pajabat atawa atasana supaya jabatan minimal anger, atuh syukur lamun dinaekeunmah. Ieu obvius kang. Kulantaran kitu sakali deui, sabenernamah pejabat teh umumna jadi jelema sieunan, sok mangga diemut naha tiasa jalma sieunan menghasilkan produk nu hade ? Bisa, nya kuring pisan contona. Luluhur kuring ti jaman kumpeni mula geus katelah sarieunan. Tara wani sugak sogok komo rujak rojok lamun lain rojokeunana. Kaayaan kuring ayeuna, disagigireun tina tarekah kuring kalawan barokah ti nu kawasa, oge teu leupas tina kasang tukang kolot kuring. Pangalaman peurih kolot di dinya ulah disakompet daunkeun jeung batur. Lamun ayeuna hese meta, nya anggap we tamaha, tideuha ti bangsana mang juha nu mindeng hartana digasab ku kolot didinya.
>>Atuh ayeuna urang percayakeun we ka akang Suteja hiji pejabat anu hebat, tong ageung-ageung teuinglah tugasna, tugaspertamamah cing pangurugkeun eta lobang di Gedung sate anu asalna rek dipake mesdjid, sing rata deui sabihara-bihari. Kuring mah tara bobolokot, tara 'maen kotor'. Hoream kukumbah. >>wilujeng berjuang janten pejabat publik kang, kade omat ulah janten penjahat publik Berarti jadi penjahat kelamin mah meunang meureun nyah? >>Punten kang sanes muji, Garut selatan memang endah pisan, teu percanteun ? sok ameng ka Bungbulang, oge ka Cilaut eureun. Lain ameng atuh. Kebo mulih pakandangan,muncang labuh ka puhu pibasaeunana pikeun kuring mah. Apal mantri Jaya di Sancang? Mun sakalieun hayang dahar ngeunah, tepungan anjeunna, sebutkeun we ngaran kuring. >>Tapi kade kang salah-salah tanah Garut endah tur tumaninah dirampas ku kaum borjuis, saperti Bandung utara ayeuna, mangga uningaan daerah Dago resort jsb, mangga uningaan urang mana nu ngageugeuhna ayeuna. Garut endah dibeulian ku baraya kuring, atuh Bandung Kaler nya ku batur-batur uing keneh. Saha nu dek nyarek, da eta mah kasaimbangan demand-supply. Salam Baktos oge ti suteja anu panglinggihanana jauh ti bandung

