ari saena mah, ibukota RI teh dialihkan ka wewengkon nu rada tinggaleun
atawa wewengkon 'pedalaman'.  kaci ka pulo Kalimantan, boh di Selatan
atawa Timur. judulna pemerataan pangwangunan. sangkan teu sadaya museur di
pulo jawa.

siga australia, ibukotana mah canberra, puseur bisnis jsb, mah di sidney,
merlbourne, jsb. amrik oge kitu, ibukotana mah washington dc, teu pati
rame, kanggo kagitan sanes, bisnis, jrrd, kota2 sanes.

Jakarta, zaman batavia keneh, tos dianggap teu cocog pikeun ibukota,
harita alatan sok banjir-kepi ka ayeuna sok banjir oge. rencana mindahkeun
ibukota Hindia Belanda, harita,  ka Bandung. jepang kaburu torojol di
kaler. teu janten da walandana oge kabur sawareh ka australia, sawareh
dibui ku tentara nippon.

mun ibukota angger jakarta malah rek digabung jeung sawareh jakarta,
karunya lembur atawa wewengkon lain, nu angger we kitu ti jaman awal
merdeka. teu pati karasa aya robahna.

ngabagi jabar jadi dua provinsi deui oge teu aya gunana, ngan ukur
ngalobakeun pajabat. mun bade oge sistem otonomi tea sing jelas eces
kumaha. aneh uing mah, NKRI teh harga mati cenah, biasa dikedalkeun
pajabat atawa tangtara pikeun nolak sistim Federal. sigana teh harti
federal sarua jeung bencar. padahal (teu neuleu sugan!), amrik jerman,
make model federal. keukeuh we bersatu, jeung maju.

mj

http://geocities.com/mangjamal

>
> On 1/11/07, ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 Depdagri mah meunang biaya ti APBN cenah
>> (didukung ku DPR), Bappenas ti UNDP (PBB).
>> Ti awal geus katingali 2 instansi ieu beda mikirna, Depdagri mah leuwih
condong kana dimekarkeun (conto: Jawa Barat jadi 2 provinsi), lamun
Bappenas
>> leuwih condong kana digabungkeun (Jawa Barat gabung jeung DKI Jakarta).
Cing kumaha kira-kira mana nu leuwih alus keur urang Sunda? Naha
wilayah
>> masih jadi masalah? pan urang Sunda mah aya dimana-mana?




Kirim email ke