Di bumina Abah Surya (HR Hidayat Suryalaga), di Komplek Sukaasih, biasa aya latihan kacapi suling unggal dinten Juma'ah saren Sabtu. Mangga, sumpingan geura ti dinya tiasa dipaluruh dimana wae tiasa kursus kacapi suling, ma'lum seueur ahli anu haladir dina eta acara latihan rutin. No. Tlpn Abah Surya : 022-7801982.
baktos, manAR On 1/16/07, Firman Rahardja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Upami kersa ka Jatinangor mah ka LISES UNPAD we biasana kersaeun tah barudak LISES teh dipiwarang ngajar ngacapi daripada ngajar gacapruk kituh malih mah sok aya jadwal latihanana duka ketang upami kuliahna nuju libur mah upami di Bandung tapi duka nya .. cobi ka LSS ITB aya teu ? On 1/16/07, AA misan <[EMAIL PROTECTED] > wrote: > > Assalamu'alaikum Wr Wb, > > Kahatur baraya Kusnet, > Disuhunkeun tulungna manawi aya nu uninga > alamat lengkep kanggo diajar kacapi suling di > Bandung kanggo urang bule ti Hatishburg Mississppi nu kataji ku > seni kacapi suling . Hatur nuhun . > > Baktos > Misan . > > ------------------------------ > Expecting? Get great news right away with email Auto-Check.<http://us.rd.yahoo.com/evt=49982/*http://advision.webevents.yahoo.com/mailbeta/newmail_tools.html> > Try the Yahoo! Mail Beta. > <http://us.rd.yahoo.com/evt=49982/*http://advision.webevents.yahoo.com/mailbeta/newmail_tools.html> > > -- -firman raharja-

