Amin, manawi kagiatan ieu tiasa lungsur langsar, sareng ata mangpaatna
kanggo urang sadayana.

Amin...amin...


On 1/16/07, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Baraya,

Seja nepikeun iber sareng ngulem ka anu anu aya waktos tur biaya
ngeunaan acara puncak sosialisasi mitigasi bencana lini jeung tsunami anu
rencanana bade dilaksanakeun dina:

Kaping : Saptu, 20 Januari 2007 di Desa
Lokasi : Ds.Cimanukm Kac, Cikalong, Kab. Tasikmalaya
Waktu :. tabuh 09.00 nepi ka rengse
Agenda acara : (rancangan) :

a. 09.00 - 11.00 : Bubuka, sambutan2, kaasup ti wakil masyarakat anu
ngalaman
bencana tsunami, Juli 2006
b. 11.00 - 12.00 : Pedaran & Diskusi Mitigasi Tsunami ceuk paelmuan
akademis
(geologi)
c. 12.00 - 13.00 : Istirahat, lohor, neda siang
d. 13.00 - 14.00 : Pedaran & Diskusi Mitigasi Tsunami ceuk Budaya Sunda
e. 14.00 - 15.00 : Pedaran & Diskusi Mitigasi Tsunami ceuk Agama Islam
f. 15.00 - 15.30 : Istirahat, sholat ashar
g. 15.30 - 17.30 : Ngukuhkeun Kabuyutan (bobojong pasir keusik, sampalan
pandan jeung tutuwuhan basisir lianna sarta
paripolah) keur
Ngurangan Akibat Bencana Tsunami (seni
pangiring: Gembyung
ti grup gembyung Dagiang Dongdo, Kab. Subang
+ pangleler\
piteket ka pamimpin lokal kanggo pancen
mitigasi bencana
h. 17.30 - 18.00 : Panutup

Ieu acara dialpukahan ku Himpunan Mahasiswa Tasikmalaya (HIMALAYA),
kalawan pupuhu panitiana Kang Runa. Upami teu lepat mah ieu acara
dirojong ku sababaraha yayasan kalebet yayasan Perceka-Kusnet.

Rencanana ieu acara sakumaha uleman anu tos disebar, bade diluuhan ku
100 urang uleman resmi wawakil ti masyarakat anu keuna ku bencana
tsunami, Juli 2006. Wakil-wakil uleman eta ti kawit kacamatan
Pangandaran, Parigi, Cijulang, Cimerak (Kab. Ciamis), Cikalong, sareng
Cipatujah (Kab. Tasikmalaya), boh masyarakatna oge aparat
pamarentahanana. Grup seni gembyung ti Subang bade miang aya kana 2
mobilna, kitu sakumaha laporan panitia.

Ari anu disebut mitigasi - ceuk para ahli - nyaeta usaha-usaha pikeun
ngurangan atawa ngaleutikeun dampak atawa akibat bencana, boh bencana
alam atawa bencana karana paripolah manusa. Usaha mitigasi kaciga lega
ambahanana, ti mimiti anu sifatna non struktural, saperti
undang-undang jeung aturan2 nepi ka usaha nyieun wangunan keur
panarajan ombak tsunami. Kaasup usaha mitigasi nya acara samodel
sosialisasi atawa nyaolabarkeun informasi ngeunaan tsunami jeung
usaha-usaha pikeun ngungkulanana.

Acara anu bade digelar ping 20 Januari 2007, Insya Alloh manawi
pareng, ngarupakeun kagiatan puncak sosialisasi mitigasi bencana
tsunami anu dipuseurkeun di Kacamatan Cikalong, Tasikmalaya. Kunaon di
Cikalong? Nya eta mah dumeh anu ngokolakeunanan utamana para nonoman
ti HIMALAYA tea. Acara puncak ieu samemehna dipitembeyan ku 2 acara:
1) Survei anu parantos dilaksanakeun ping 5 Agustus 2006, jeung 2)
pelatihan isntruktur anu dilaksanakeun ping 19-20 Agustus 2006.

Mangga sakitu wae heula. Katerangan saterusna ngeunaan berendelan
acara jeung laporan kagiatan-kagiatan samemehna keur disusun. Ayeuna
mah mangga, ka para wargi sadaya aya anu aya waktu tur biaya,
dihaturanan sumping ka Desa Cimanuk, Kac. Cikalong, Kabupaten
Tasikmalaya dina waktosna. Urang sami-sami action keur mitigasi
bencana, manawi aya manfaatna.

baktosna,
manAR
.





--
::ri_1::
Hompage : http://inawan.blogspot.com
                http://inawan.blogs.friendster.com
Mobile     : +62-818-109410
www.urang-sunda.or.id.
su.wikipedia.org
[email protected]
[EMAIL PROTECTED]
urangtasik.multiply.com
inawan.multiply.com

Kirim email ke