Kang, Ari sugan teh deuk ngadongengkeun perang... geuningan ieu maha rorombeheun ... hahahaha ... bisaan euy nyieun judulna.
On 1/17/07, dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Teu karasa kuring geus 14 bulan kuli di tanah Afrika Sudan. Ahir oktober 2005, 2 minggu samemeh lebaran harita kuring munggaran nincak Sudan teh .Ari gawe teh jadwalna , sabulan gawe, sabulan pere di imah. Jadi salila 14 bulan ieu bulak balik we.Jakarta Khartoum via Doha bulak balik Samemeh narima tawaran gawe di Sudan kuring tatalapek neangan ingpo boh nanya langsung ka sasama anu kungsi gawe di sabudeureun Sudan , boh neangan ingpo tina internet. Kuring maca oge tina koran atawa ngedenge tina radio jeung TV cindekna yen di Sudan Selatan aya daerah konflik anu ngaranna Darfour. Ternyata daerah tempat kuring ditempatkeun gawe ayeuna teh sabenerna teu pati jauh ti perbatasan daerah konflik etnis Darfour tea. Tapi salila ieu kuring ngarasa rada reureug teh ti mimiti Khartoum nepi ka tempat gawe teu nyorang tutumpakan darat alias badarat, komo kudu naek onta mah. Jadi moal panggih jeung anu keur parasea.Ti Khartoum (ibukota Sudan) kudu ka Heglig heula ( base camp ). Ku perusahaan disadiakeun pesawat Fokker 50, pesawat nu eusina maks 50 urangeun tea. Lilana naek Fokker meh 2 jam ngapung. Tah ti Heglig kuring kudu miang deui ka lokasi gawe kuring, nya tempatna teh kalan kalan deukeut pisan ka daerah konflik Darfour tea. Nyakitu oge, salila ieu teu pernah kungsi badarat . Ti Heglig mah kuring disadiakeun helikopter . Kalan kalan ngan kuring sorangan dianteurkeun kana heli teh. Sabenerna mah sok hariwang ari naek heli teh. Komo lamun anginna ngagelebug mah. Tapi da aturan perusahaanna kitu, nya teu bisa kuring milih menta naek darat ( kecuali anu deukeut pisan ti base camp). Ari pilot heli teh rereana urang eropa timur. Urang Rumania biasana mah. Kadang pilot teh sok ngaheureuyan lamun nu inditna ngan kuring sorangan. Manehna sanggeus mukakeun panto heli teh , terus rengkuh bari leungeunna diayunkeun tea bari nunjukkeun ka panto heli, please ..., cenah . Kuring nyaho manehna heureuy, saolah olah kuring tamu VIP. Enya bisa oge dianggap VIP meureun, da perusahaan teh teu lebar lebareun nyewa heli , anu cenah ceuk si pilotna, ongkos sewana teh sekitar $2000 dollar sajam terbang bulak balik. Padahal kadang jauhna teh kalan kalan nepi ka 1.5 jam. Hartina perusahaan teh ngaluarkeun ongkos $3 rebu keur nganteurkeun kuring sorangan ka tempat gawe lamun jarakna 1.5 jam terbang.Ceuk kuring teh, sok duitna ka kuringkeun. Nyaho nepi weh kuring ka tempat gawe.Baelah 1000 $ oge. Tah ti mimiti ahir bulan oktober hawa Sudan karasa tiris ( ceuk ukuran urang tropis), komo lamun bari ngahiliwir angin mah. Can kungsi ngukur sabaraha derajat C. Tapi cenah kadang nepi ka 12 der C. Komo mun subuh mah. Tiris persis kawas di Mekah atawa di madinah lah, da puguh ampir sagaris lintang jeung Mekah mah. Tempat Mekah/Madinah jeung tempat gawe kuring teh ngan kahalangan laut merah wungkul Mekah kalereun laut merah, ari tempat kuring gawe kiduleunnana rada jero saeutik. Anu karasa ku kuring dina bulan oktober nepi ka Februari , mun teu salah mah si Sudan teh sok terjadi perpecahan suku. Saperti anu ku kuring keur kaalaman ayeuna. Karasana teh matak nyeri , kadang kadang peurih nepi kana hate. Mun geus karasa aya perpecahan suku, kuring mah sok inget ka lembur. Ehm mun di lembur mah moal kieu karasana, Di lembur mah aya nu ngupah ngapeh , Cindekna mah gampang pisan obatna. Na ari di Sudan, kieu gening karasana... Kadang mun keur solat sok ngakibatkeun jadi teu husu solat teh da sok elekesekeng. Kuring mah hariwang perpecahan suku ieu bisa oge mangaruhan kana prestasi gawe kuring.Mun ka teuingan teuing mah mungkin bisa ngakibatkeun leungitna kasempetan gawe kuring. Duh gusti..., mun di lembur mah paling henteu aya balimbing wuluh ubarna. Di toko oge aya . Dalapan dewa ubarna. Di Sudan mah tong boroning dalapan dewa Sadewa wae teu aya.Moal kitu euweuhna sadewa teh kulantaran nakulana teu pernah ingkah ti nagara Pandawa . Poho nu matak ge , waktu indit kamari teu meuli heula salep dalapan dewa.Duh ieu dampal suku palebah keuneung jeung tungtung jempol suku katuhu mani parecah kieu. Jero deuih beulahna teh. Mani peurih karasana teh. Komo waktu keur diuk atahiat waktu solat mah . Pan jempol teh kudu ditikelkeun. Aduh mani peurih teh pisan. Rorombeheun mani parna kieu. Sugan teh kuring wungkul anu keuna ku perpecahan suku alias rorombeheun teh Pilot urang Rumania oge sarua wae. Mudah mudahan we teu aya komplikasina kana jantung kuring Neem Area, 16 January 2007 Nu keur koreh koreh cok. Dudi M. Asgar ------------------------------ Cheap Talk? Check out<http://us.rd.yahoo.com/mail_us/taglines/postman8/*http://us.rd.yahoo.com/evt=39663/*http://voice.yahoo.com>Yahoo! Messenger's low PC-to-Phone call rates.

