Tangki kahiji nepi ka hejo lumutan eta teh lantaran seueur mikroba (bakteri sareng jamur) nu terakumulasi di eta tangki. Tangki kahiji kedah rutin dikuras (dibersihan), saena mah sasasih sakali. Paling elat oge tilu sasih sakali. Tong nepi ka genep sasih sakali heuheuheu bilih hejo lumutan deui, malihan mah tiasa mucunghul cacing geura.
Sedengkeun warna koneng, eta mah jigana senyawa beusi nu "terendapkan", ku ayana saringan (keusik jsb.) tea. Kang Kumi, minangka jebolan ti Kimia Murni, jigana tiasa konfirm leres henteuna senyawa beusi oksida teh warnana koneng... Ngeunaan cara nguras, gumantung kana konfigurasi alat saringanna Kang. Nu aya di sasaungan Abdi mah, kaleresan cara ngurasna kedah manual. Eusi tangki kahiji dikaluarkeun sadayana, teras diwasuh (disemprot atanapi digorojog) nganggo cai nu ngalir (cai ledeng misalna). Kauntungan cara manual ieu nyaeta hasilna langkung maksimal. Pami hoyong teu manual mah, tangki kahijina kedah ngadamel nyalira. Tong meser toren-toren siap pakai nu aya di matrial. Misalna bae tina dreum bahan kimia nu teu kaanggo. Eta dreum dibolongan dibagean handap, tengah sareng luhur. Normalna pami ngeusi, cai tina kompa lebet ka liang nu pangluhurna teras kaluar tina liang nu panghandapna lebet ka tangki kadua. Sedengkeun pami nguras sabalika, cai tina kompa lebet ka liang nu panghandapna teras kokotor di kaluarkeun ka liang nu aya ditengah-tengah. Emang praktis ngurasna mah, ngan hasilna ceuk kuring mah kurang maksimal. Mikroba nu aya dina citaneuh, tiasa dileungitkeun. Biasana mah ngganggo kaporit, minangka biocide atanapi desinfektan-na. Anggo sacekapna bae, tong seueur teuing, margi senyawa klorin bebas (tina kaporit eta) cenah mah karsinogenik. Kitu tah. Mudah-mudahan tiasa kaimpleng... Baktos, OTA Punten tumaros perkawis cara nguras sareng jadwalna kumaha, margi pangalaman sim kuring kantos nganggo saringan teh dina tangki kahiji koneng kentel sareng hejo lumutan. diantos Wassalam H.Sukana HR -Center 09 Rep 02 Gedung M, Jl Gegerkalong Hilir No.47 Bandung Phone .022-2021908 e-mail : [EMAIL PROTECTED] [EMAIL PROTECTED] wrote: ----- To: [email protected] From: [EMAIL PROTECTED] Sent by: [email protected] Date: 01/17/2007 07:44AM Subject: RE: [Urang Sunda] Pangalaman Kuring=> Areng kalapana teh... < BR>Ngahaja dina gambar mah ku kuring teu ditingalikeun posisi areng batok kalapa disimpenna di palih mana heuheuheu... meh panasaran we... Dibandingkeun jeung keusik, koral, oge injuk, jumlah areng batok kalapa nu dianggo leuwih saeutik. Da fungsina pikeun nyerep warna jeung bau ieuh, jadi saeutik weh. Tapi, mun rek seueur oge teu nanaon, eta leuwih alus, meureun...Kulantara n saeutik eta, ku kuring ngahaja teu digambarkeun. Sabenerna mah, urutan tumpukan keusik, koral, injuk oge areng batok kalapa bisa we dimodifikasi, sakasuka urang sorangan. Kalayan ngilo sababaraha "pertimbangan teknis". Nu aya dina gambar kiriman kuring, eta mah husus pikeun saringan keusik nu aya di sasaungan kuring. Bener aya nu kaliwat kagambarkeun. Pangluhurna ditambahan deui ku tumpukan injuk supaya keusik teu muncrat kamana mendi lantaran "gorojog"-na cai tina kompa. Ari areng batok kalapa mah, mendingan disimpen luhureun keusik atawa dicampur oge sareng keusik teu nanaon. Ngan tong disimpeun handapan keusik, komo handapeun koral mah, bisi arengna bubuk. Kitu meureun...susuganan mangpaat... Baktos, OTA *** Ngahaja deui ku kuring teu digambarkeun sakumaha kabutuhan keusik, koral, injuk katut areng. Oge teu digambarkeun sakumaha luhurna eta mangkeluk (keusik jsb.) dina toren. Heuheuheu...

