Di jepun taya aturan husus yen mobil badag kudu di kenca, ngan ku sabab geus pada boga etika nyupir tea, mun laun nya di jalur pangsisina. Jalan-jalan di di jepun teu lega siga di urang, mun di bandung siga jalan dago, jalurna teh pas. Di jalan ditulisan batas kecepatan maksimum, iwal ti di jalan-jalan siga by pass, rata-rata kecepatan maksimal teh 50 km/jam. teu sieun diklakson batur, ceuk urang jepun nu nglakson teh jalma nu euweuh gawe ..
Jalur pantura meureun kaasup jalur antar kota, di jepun diaturna ku nomer jalan, upamana jalur 23 diutamakeun keur treuk-treuk antar kota, sedengkeun jalur 1 keur mobil pribadi jeung beus. Beus mah rata-rata liwat tol jarang nu liwat jalur biasa meureun pedah ke sempit tea sanajan jalur antar kota oge. Beus antar kota oge jarang, sabab kareta leuwih pasti dina itungan waktuna. Di sababaraha kota, masih keneh aya jalur trem, biasana kota heubeul, siga di Hiroshima, Nagasaki (di Gifu dua taun kamari dileungitkeun) nu ngahiji jeung jalur mobil biasa, aturan lampu lalulintasna rada beda. Di sababaraha kota aya oge busway, teu beda jeung di jakarta ieu mah. nu pasti mah, bagena naek sapedah, da puguh aturan jeung jalurna ... heu heu budhi kurono kopo 241 On 1/17/07, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Upami di Korea mah, kumargi aturan jalanna sawangsulna ti Indonesia, janten jalan palih katuhu (stir palih kenca). Aturanana ; upami dijalan anu dua jalur saarahna (jalan toll atanapi jalan biasa) kandaraan ageung (beus/treuk) kedah jalan dina jalur pangsisina. Upami dijalan anu tilu jalur saarahna (jalan toll atanapi jalan biasa), kendaraan ageung (beus/treuk) kedah dijalur pangsisina, tiasa ka jalur nomer 2, upami bade nyiap atanapi aya halangan (mobil eureun). Upami dijalan anu opat jalur saarahna (jalan toll atanapi jalan biasa), kendarana ageung (beus/treuk) mung tiasa jalan dijalur pangsisina sareng nomer dua. Sawangsulna mobil-mobil biasa tiasa kasadaya jalur, aya iwalna dijalan toll Seoul-Pusan (jalan toll pangpanjangna di Korea kirang langkung 480 kman), dina dinten Saptu tabuh 21.00 dugika dinten Minggu tabuh 21.00 jalur pangtengahna (diguratan warna biru) khusus kanggo jalur beus express sareng mobil Van (12 panumpang kaluhur) namung muatanana minimal kedah satengah tina kapasitas eta van, diluar eta mah tangtos ditilang, anu nilangna sanes pulisi namung kamera, terang-terang sumping we tagihan ti kantor distrik ka bumi, dina eta tagihan disebatkeun, lokasi, dinten, jam ngalanggar, ageungna denda, hukum lalulintas nomer sabaraha anu dilanggar, sareng foto plat nomer mobil urang. Pihatur ssw *waluya56 [EMAIL PROTECTED] Kuring kakara balik ti Semarang, meunang tilu poe diditu. Ka Semarangna kuring nyewa mobil rental kumplit jeung supirna ti Bandung, mobilna merekna "awewe" (Suzuki APV ...hehehehe). Ti Bandung indit poe minggu isuk-isuk, jam salapanan. Kakara ge tepi ka Kadipaten, supir, Pa Timan, nyupirna rengkag-rengkog, terus mobil siga kalayang-koloyong. Gancangan ku kuring dititah eureun heula. Ditanya kunaon nyupir jiga kitu, sihoreng teh peutingna memeh indit jeung kuring, manehna kakara balik jam 3 Subuh ti Jakarta, atuh jadi tunduh. Kadieukeun cekeng teh, kuring we nu nyupir, Pa Timan mah pindah we ka jok tukang, sare. Tapi kuring oge acan kungsi nyupiran "awewe", rada rengkag-rengkog, rek diuk ditukangeun setir teh. Nempo kitu, budak kuring nu kabeneran ngilu, pedah keur libur, nawaran: "Keun we ku Aa, Aa kantos nyupiran APV nu rerencangan". "Heueuh, pek tah ku maneh", ceuk kuring teh. Nya disupiran ku budak kuring. Ti Kadipaten terus tepi ka kaluar jalan tol Kanci mah teu aya masalah, budak teh anteng we nyupiran. Ngan sanggeus di jalan pantura, mimiti manehna bingung lamun rek nyusul, sabab treuk jeung beus, sanajan leumpangna kendor, tetep we di katuhu wae, embungeun ka kenca. Budak kuring hayang nyusul hese. Ku kuring dibejaan, susul we ti beulah kenca. Budak teh kalahka nyereng: " Teu meunang Pah, ari nyusul kudu ti katuhu, itu treuk jeung beus nu kuduna leumpang di beulah kenca!" "Heueuh, bapa ge nyaho, ngan da urang mah lain pulisi, moal bisa nyarek supir treuk. Supir treuk jeung beus di Pantura mah biasa, sok di katuhu wae. Nu nyusul kudu ti kenca ......hayoh susul tah treuk tronton ....ati-ati bisi aya beca disisi jalan!", ceuk kuring teh ka budak. Budak teh nurut, mobil dikakencakeun, sebrut treuk gede teh disusul. Geus dimimitian sakali mah, budak teh jadi wanian, sebrut-sebrut weh nyusul treuk jeung beus ti beulah kenca. Ngan kuring jadi "tegang" molotot nempokeun jalan, jeung mere nyaho ka budak, di sisi jalan kosong henteu. Budak nyupiran tepi ka Pekalongan, tidinya diganti deui ku Pa Timan. Kuring pindah deui ka jok tukang, awak karasa lungse jeung cape alahbatan nyupir ku sorangan, meureun bakating ku stress, salila ampir opat jam ngilu molototan jalan. Sabenerna aturan lalu lintas di nagara urang, kendaraan nu leumpangna kendor kedah nyandak jalur pangkencana, jalur katuhu ukur keur nyusul. Tapi "etika" ieu, sigana geus dipopohokeun atawa dibalikkeun: Nu kendor jeung badag malah di katuhu, nu nyusul kudu ti beulah kenca. Duka saha nu "ngarobah" aturan ieu teh, nu jelas kabiasaan "ngatuhu" wae teh, umumna di jalan Pantura. Ceuk beja mah, kabiasaan ieu teh, kulantaran di jalan pantura mah, loba karamean, pangpangna pasar, anu tumplek ka jalan. Akibatna supir treuk atawa beus, lamun di kenca, bakal sering nincak rem, da kagok ku beca, motor, delman jeung jelema. Jadi supir-supir mobil badag ieu, nyandak mobilna ka katuhu. Tungtungna jadi kabisaan, terus we di katuhu .... Cik ka baraya nu di LN, siga di lembur henteu, mobil badag tur kendor ngatuhu*) wae? *)Keur sistim lalu lintas "sosialis" alias "ngenca" ...hehehe Baktos, WALUYA . http://cikundul3.multiply.com *Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda* *Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda*
-- budhi at urang-sunda dot or dot id

