Beu.....! Innalillahi wa inna ilaihi rojiun.... Alhamdulillah..........Allah Swt tos maparin pitulung ka eta murangkalih sok teu pira jalana mah ukur ku beresin pas bade dilebetkeu selang oksigen.... dugi ka kitu nya.., nuhun pami tos salamet deui mah mudah-mudahan enggal sehat sareng sing sehat saterasna...amin.
"kkbm'69" On 1/18/07, Ambu Bagja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kuring ngadu'a, nepi ka jam 4 subuh panon teu bisa sare deui. Aya berita tadi isuk-isuk, kaayaan budak geus lumayan. Peuting tadi langsung dibawa ka UGD, cenah budak teh beakeun oksigen, kudu dikaruang HCU-keun. Kusabab di HCU pinuh, nya budak diteundeun di UGD. Jalan hiji-hijina budak dizonde. Ari pas rek ngabuskeun selang kana irungna, budak teh ceurik, tuluy beresin, kaluar korong tina irungna galalede. Eta nu matak budak hese napas teh, jalan napasna kahalangan ku korong. Saprak dizonde mah budak teh teu pias teuing. Jeung geus aya getihan deui pameunteuna. Matak ari boga budak orok, sing rajin ngaberesihan liang irungna. Komo nu leutik keneh mah. ~indungna si Bagja~

