Ari si Kumi geus sabaraha kali diusap pundukna mpup? sigana unggal malem datang saptu jeung poe senen isuk2 nya?!!hihi....
Kang Kinasihan (ari namina mah geningan Kinasihan) Ari ceuk kuring mah teu kudu sieun atuh ka pamajikan mah..apan kudu sieun mah ngan ukur ka Alloh S.W.T., jaba ning kan Lalaki mah kodrat na oge jadi pamingpin di Rumah tangga mah lin?..... maenya aya pamingpin sieunan kunu dipingpin na? berarti kang Kinasih can hasil jadi pamingpin na,he..he... (jus balingbing, just kidding)he..he.. nu penting mah ceuk kuring mah tinggalikeun we kang yen urang teh boga wibawa di hareupeun manehna... jadikeun oge urang jadi jelema anu dipikabutuh kumanehna...jeung urang butuh oge ku manehna... ngan lamun pamajikan keur popolotot(komo bari ngulang-ngulang tulak panto atawa linggis mah..)kuring mah tara dilawan.. paling oge engke we geus rada poho..geus rada leuleuy deui...kakara weh caritaan tina hate kana hate.. he..he.....(siga nu heueuh!) eh aya hiji deui Alternative kang, lebet kana Komunitas Salaki Sieun Pamajikan=KSSP gera.... Sekjen na aya di Lobam tapi namina kang Ulle...sok we pilarian gera hihihi... -ts- * Badi oge anyar ketang,can 4 taun RT teh, sami anak oge nembe 1(umur 2.5 taun), komo indungna mah can nambah wae geningan... From: "Ambu Bagja" <[EMAIL PROTECTED]> on 01/18/2007 12:18 PM Sent by: [email protected] Please respond to urangsunda To: [email protected] cc: cc: (bcc: Toni BKC0067 Sofian/BKCP/BKC) bcc: Toni BKC0067 Sofian/BKCP/BKC Fax to: Subject:[Urang Sunda] Re: Naon Landong sieun ku pamajikan? Naha bet kedah sieun? pikasieuneun kitu?? Pasca operasi sectio, teu ngaruh nanaon, ngan rada-rada paur jeung "mati rasa" nu tilas operasina. Abdi gaduh du'a ti pun Ua, manawi kaanggo: 'aos "Yaa Roqiibu" 7 x (ieu du'a kanggo nalukkeun jalmi meh bageur ka diri urang) saparantosna di'aos usap pundukna. ~indung si bagja~ --- In [email protected], Putera Kinasih <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Isinna mah isin ieu teh, ngan ku butuh... > mamanawian ka sepuh ki sunda anu tos lami ngambah rumah tangga gaduh pangalaman.... > simkuring teh gaduh panyawat sieun ku pamajikan, sieunna kacida.... > cik manawi gaduh doa atanapi resep anu tiasa ngarobah ieu diri. > Rumah tangga anyar keneh, gaduh putri hiji > istri teh urang wetan.......... > Sareng bade tumaros, ari pasca operasi sectio aya pakaitna sareng perobahan perilaku istri -uring-uringan-.... > Hatur nuhun

