wilujeng wayah kieu barayaaaaaa....

heuheu, bari nungguan barudak, di milis tatangga (apsas) aya nu ngirim
tatrucingan. nanyana mah sederhana:
Urang Mana nu Miara Lauk?

tuurucing ieu cenah teu bureuyeung (reuneuh--tina mengandung) ku trik atawa
jebakan. estu murni ukur ngutakngutik logika jeung jawaban nu pasti.

Caritana kieu:
aya lima imah nu boga pulas beda-beda. unggal imah dicicingan hiji jalma nu
bangsana oge rupa-rupa.
unggal jalma mikaresep hiji inuman, hiji merk rokok, jeung miara hiji sato.
kabeh jalma eta teu mikaresep inuman nu sarua, teu ngaroko nu samerk, teu
miara sato nu sarua

pituduh:

  1. urang inggris cicing di imah pulas beureum.
  2. urang swedia miara anjing
  3. urang denmark resep nginum teh
  4. imah pulas bodar pas di belah kenca imah pulas coklat
  5. nu nyicingan imah bodas resep nginum kopi
  6. jalma nu ngaroko pall mall miara manuk
  7. imah nu pang tengahna resep nginum susu
  8. nu nyicingan imah pulas koneng ngaroko dunhill
  9. urang norwegia nyicingan imah pangmimitina (pertama)
  10. jalma nu ngaroko marlboro cicing di sabelah nu miara ucing
  11. nu miara kuda cicing di sabeulah nu ngaroko dunhill
  12. nu ngaroko winfield resep nginum bir
  13. di sabeulah imah pulas bulao, cicing urang norwegia
  14. urang jerman ngaroko rothmans
  15. nu ngaroko marlboro tatanggaan jeung nu resep nginum cai

---
sok geura teguh!!!
cek cenah, albert einstein nyusun ieu tuurucing dina abad kamari. cek
manehna 98% jalma nu aya di dunya teu mampu meupeuskeun tuurucing ieu. Naha
andika kaasup nu 2%-na??

tips. jieun tabel ngarah babari, waktuna cukup 15-30 menit. sok der ah...

nb: kuring mah masih kaasup nu 98% euy. ngagugulung leuwih ti sajam-na
hehehehe
     keur nu geus asup ka kleub 2% cicing siah!!! ;))

--
gendudh
--
::daluanggebisatinabincurang::

Kirim email ke