ceuk uing ge... ngorong teh penting. Komo mun pangambungna meded alatan keur pileg, pasti ngorong teh kacida pisan pentingna keur kalancaran urang ambekan.
Mun urang ngobrolkeun korong, pasti geura loba nu nyarita : "jorok ih, geuleuh ih..." geuleuh soteh korong batur, ari nu sorangan mah pan henteu. malahan mah sakapeung sok ditempoan, dipurintil-purintil, dibuleud2keun, tuluy dilodetkeun kana handapeun meja. Nu matak meja mah dimana-mana oge sarua, sok karadak beh handapna teh, da loba tingguruntul korong garing tea. Jadi, ti ayeuna...hayu urang sami-sami ngorong. ngorong teh kabersihan, kabersihan teh pan sabagian tina iman lin ? heu heu -dul- aktivis gerakan ngorong --- In [email protected], "Ambu Bagja" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kudu ati-ati ku korong. Aya kajadian nu matak pikareuwaseun. Peuting > tadi pun alo (kakara 2 bulan) awakna lungse taya tangan pangawasa. Ti > beurang keneh ge pun alo teh jeung kuring ngariung jeung si Bagja sare > pagigir-gigir. Kuring jongjon anteng nempoan monitor. > > Poe kamari jam 12 beurang, budak teh (pun alo) ceurik hayang nyusu, > pedah indungna mah gawe da sapopoena ge budak teh dititipkeun ka > ninina jeung diurus ku sarerea (ku bibi-bibina) kaasup nu tukang > ngamandianna mah kuring. Nya ku kuring teh diwewelan dot. Budak > ngagenyol nyusu, bari dotna dicekel ku kuring. > > Ti saprak harita budak ngagogoplek sare, teu kecet-kecet nepi ka > indung bapana mawa budak balik ka imahna (jam 7 peuting). Ngan > diperhatikeun sare we tuluy teu hayang nyusu teu ceurik, nu biasana > mah unggal manehna lilir pasti ceurik hayang nyusu. > > Dipangku tina kasur, budak teh teu kecet-kecet. Ngagogoplek peureum > wae, ngan awakna rada leuleus jeung budak teh jadi pias. Euweuh nu > curiga nanaon. Nya budak teh dibawa ka imahna, ninina oge milu. > > Jam 1 peuting kring aya telepon, diangkat ku lanceuk nu keur lalajo > tipi. Kuring mah sare balas mepende si Bagja nepi ka jam 12 teu > daekeun sare kalah ulin wae kokorondangan. Lanceuk ngahudangkeun > kuring. Pokna aya telepon ti indung kuring nu ngendong di imah lanceuk > tea. Kuniang hudang, bari nempo jam, geuning jam 1 peuting, nempo si > Bagja geus sare. Nyokot gagang telepon, sora indung semu dareuda bari > rawah-riwih, nanyakeun kajadian beurang basa pun alo sare di kamar > kuring. Nya dicaritakeun teu nyusu-nyusu ti jam 1 beurang da budakna > ngagogoplek sare wae, ceuk kuring. Cenah budak teh saprak dibawa ka > imahna ge tuluy we kalah sare, nepi ka harita jam 1 peuting teh kalah > sare keneh wae nepi ka teu nyusu-nyusu. Ngan awakna jadi beuki leuleus > teu walakaya. Biur we lanceuk kuring (bapana jeung indungna budak) > indit bari mawa budak ka RS. > > Kuring ngadu'a, nepi ka jam 4 subuh panon teu bisa sare deui. > > Aya berita tadi isuk-isuk, kaayaan budak geus lumayan. Peuting tadi > langsung dibawa ka UGD, cenah budak teh beakeun oksigen, kudu > dikaruang HCU-keun. Kusabab di HCU pinuh, nya budak diteundeun di UGD. > Jalan hiji-hijina budak dizonde. Ari pas rek ngabuskeun selang kana > irungna, budak teh ceurik, tuluy beresin, kaluar korong tina irungna > galalede. Eta nu matak budak hese napas teh, jalan napasna kahalangan > ku korong. Saprak dizonde mah budak teh teu pias teuing. Jeung geus > aya getihan deui pameunteuna. > > Matak ari boga budak orok, sing rajin ngaberesihan liang irungna. Komo > nu leutik keneh mah. > > ~indungna si Bagja~ >

