Janten emut jaman kapungkur taun 80an…

Kaleresan aya wargi kapi-kapi (duka da bingung kapi naon...) nu 
beurat beunghar bru di juru, bro di panto, ngalayah di tengah imah 
teh nyaan etamah… Hanjakal, kulawarga abdi mah teu kakecretan 
beungharna sakedik-kedik acan heheh..
Bakat ku beunghar sareng tilas Wa dana di Bandung jaman baheula, teu 
kunu babantu di bumi anjeuna wae, tapi ampir sadaya urang lembur sok 
nyebat ka anjeuna teh Juragan, janten we nelah…Agan.

Unggal dinten mios sakola ka SMP Wado, abdi kedah naek angkot. 
Ongkos nu dipundut mung Rp. 25,00 dugi ka pasar, tebihnamah ka Alun-
alun Wado. Tidinya diteraskeun mapah mapay-mapay jalan 
Parungrengrang nu ngemplad dugi ka Buah Ngariung.

Dina hiji waktos, kaleresan saangkot sareng eta juragan, calik 
dipayun caket supir. Salami di jalan teh teu aya deui iwal ti 
pabetem-betem, da kararagok masing kapi wargi oge. Reg, dugi ka 
pasar Wado…song abdi ngasongkeun ongkos Rp. 25,00 ka supir, saur 
anjeuna teh,"Wios, ieu we sakantenan." Meuni asa bingah 
dipangmayarkeun da lumayan cicisna kanggo jajan. Tapi asa aya nu 
ngaganjel na manah, bingung. Sanes kunanaon bade nganuhunkeun bari 
teu terang kedah nyebat naon ka anjeuna, Bapak? Mang? Uwa? 
Aki?...tungtungnamah… "Nuhun, Gan…!" Anjeuna imut tapi bari kerung… 

Sontenna, kajantenan harita didongengkeun ka pun biang, saur anjeuna 
teh,"Heu...heu…heu…nya paingan atuh ari nyebut Agan mah…pan maneh 
teh lain babuna, Uu kituh…da kapi uyut…"

Ro2


--- In [email protected], "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Kang Brad, leres pisan, kecap "juragan" (disingget jadi "agan" 
atawa "gan"),
> ayeuna geus dilegaan fungsina. Upama teu lepat abah Surya anu 
ngapopulerkeun
> hal eta teh. Numutkeun anjeunna, sae pisan upami kecap "agan" 
atawa "gan"
> dijadikeun kecap loma anu fungsina keur ngahargaan anu diajak
> ngobrol/ngawangkong. Kitu gan Brad.
> 
> baktos,
> manAR
> 
> 


Kirim email ke