tadi teh di masjid teh ngaguar ...........
.......... euuuu euuu ..... eta tea geningan
ayat Al-Qur'an Surah .......  eu eu ......

Allaaaaaahhh pokona mah hade lah khutbah na si Bapa Ustad eta mah


emmhhh ..... soal naon nya ?!



On 1/19/07, Iwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Haarr... naha make jeung pundung, kawas politikus.. eh.. kawas budak...

Hade pisan khotbah tadi teh, da buktina tepi ka loba nu nundutan..
heuheu..
tadi teh ngaguar surat ...eu.. (hilap deui, tunduh meureun),
anu kirang langkung sapertos kieu..
"Demi matahari dan sinarnya.. dst... demi jiwa-jiwa manusia.. dst.."
intina teh yen Alam jeung (akhlak) manusa teh saimbang, tidituna mah
aralus
duanana oge, geus disumpah ku Pangeran.
Lamun manusa geus ngalanggar sumpahna sorangan ka Pangeran, tangtu alam
oge
moal cicing,
jegur di ditu, jegur di dieu, der tsunami, der lini, der lumpur panas,
kahuruan, jrrd.
Enya lamun numutkeun elmu kadunyaan mah eta teh gejala alam, tapi saha nu
nyiptakeun alam?
Teras, ditungtungan ku (kirang langkung) "barangsiapa yg menyerahkan
persoalan bukan pada ahlinya, maka tunggulah kehancurannya".
(ari detailna mah rada hawar2, rada tunduh oge geuning..)

Tapi da rata2 rek pejabat rek rahayat ge jarang ari ngupingkeun (komo
nerapkeun mah) khotbah jumah teh,
paling2 ge asa dipepende we.. nu penting gugur pardu.
Lain nuduh, lain nyakompetdaunkeun, tapi da emang kitu ayana.
Nu sok dikupingkeun mah ajengan nu tos gaduh nami, seueur bodorna, seueur
fans-na, "ngikutin trend" meureun.
(tapi lamun der nyandung mah sok ditinggalkeun ku jamaahna.. heuheuy
deuh..)

Tos heula ah, bade kulem heula, geuning rada tunduh yeuh, sesa jumaahan..
heuheuheu..
(bagja boga pamajikan urang padang teh, pinter masak, nepi ka kamerkaan
kieu..)

Mangga ah.. gejlig.
Iwan
(nyaandakuringmahteupundungan)



Kirim email ke