>>>> jang ngagajih DPRD na kota Karawang kudu ngaluarkeun 25% PAD
>>>>  na ... anjir ... jang 35 orang sakitu ari rahayat nu ngajuta ngasin nya 
>>>> ... cag 

Komo ditingkat leuwih luhur mah, beuki ginggiapeun ngadanguna. Masih emut 
kavling gate ? Artos saha cing anu dibagi-bagi kanggo kavling anggauta DPR teh ?

Mung rakyat anu bodo, nu sieunan anu masih keneh betah tur tumaninah diwakilan 
kunu kararieu.

Mangga geura parios oge di Kodya Bandung, atanapi di Propinsi Jabar, sabaraha 
persen tina PAD anu dianggo anggaran rutin (gajih), teras dianggo SPJ (ongkos 
jalan-jalan) pejabat jsb. Atuh upami aya 1% we anu tiasa di anggo perpustakaan 
umum keur mencarkeun pangaweuruh rakyat tos Alhamdulillah.

Ceuk Anggauta DPR/pejabat pelakunamah .......... Etamah rizki uing euy, naha 
atuh maraneh bet milih saya, kunaon maraneh bet hayang jadi rakyat..........

Kang  Suteja damang ?

salam
ely


----- Original Message ----
From: Budyana Yogaswara <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Monday, January 8, 2007 10:30:54 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Gudang Garong

Lain kang, pajar teh lamun aya nu mapagahan cenahna teh " teu kudu dipapagahan 
kuring mah, tuh tingali gelar kuring geus reuteum, kitab-kitab ngajejer apal 
kabeh .." beu na atuh ari kalakuan leuwih jahat timanan garong ... memang tah 
DPR = Gudang Garong Pinter... Geuleuh pisan aing mah. Sok geura cobaan 
dengekeun mun maranehna ngomong, murudul geura dalil jeung teori nu hese 
disangkalna, lamun debat sigana hese elehna. Kamari ngadenge wartana cenah ceuk 
salah sahiji LSM (FIRTA mun teu salah mah ngaranna) jang ngagajih DPRD na kota 
Karawang kudu ngaluarkeun 25% PAD na ... anjir ... jang 35 orang sakitu ari 
rahayat nu ngajuta ngasin nya ... cag 


On 1/9/07, Om TEDDY <satriakeren@ yahoo.com. sg> wrote: 
Kang Irpan wae bingung. Komo deui kuring.
Nu karitu patut mah moal sadar ku musibah atawa bencana alam.
Dibere bencana alam tsunami, longsor, banjir atawa gempa teh lain tuluy tobat. 
tapi malah atoh sok dipake jalan nyieu proyek rehabilitasi.
Teuing bener teuing henteu rehabilitasina? nu kadenge mah korban loba nu teu 
kabagean. Duitna teuing kamana? Duka dilebok bangsat teuing dilebok garong?
Ari dipodaran lain ku karunya... Tapi cape ka urangna. daripada modaran jelema 
kawas kitu mendingan tanagana dipake neangan duit.
 
Da teu dipodaran oge malodar sorangan.
 
Baktos,
Om TEDDY


irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
heueuh nya kang, teuing kudu dikumahakeun mangkeluk teh nya?
dibere lini, teu lilir,
dibere leutak, teu teu teurak, 
dibere tsunami, kalahka haha hihi, zinah jeung penyanyi dangdut.

sugan kudu dipodaran hiji-hiji. 
dasar nurus tunjung, teu boga cedo.




On 1/8/07, Om TEDDY <satriakeren@ yahoo.com. sg > wrote: 
UDUD jeung DPR
 
Aya pamuda galab aranna Aep nitah meuli roko Gudang Garam ka adina si Deden. 
Kulantaran galab nyebut "Gudang Garam Filter" jadi "Gudang Garong Pinter". 
"Den pangmeulikeun roko Gudang Garong Pinter sabungkus." Titah Aep bari song 
duit ka si Deden. Teu kungsi dititah dua kali, dengdeng we si Deden miang ka 
warung. 
"Mang meuli roko…"
"Roko naon??"
"Gudang Garong Pinter (maksudna Gudang Garam Filter)"
"Nu etamah, tuh loba di Gedong DPR…"
 
Carita eta memang ngan karangan wungkul… Tapi aya pesen moral dina eta carita. 
Mangsa rahayat keur kacekek ku harga nu pating terekel katambah langka minyak 
tanah jeung barang sejenna tapi anggota DPR menta naek gajih nu teu 
euleum-euleum. Make alesan jang biaya operasional tai anjing sagala… Padahal 
media geus ribut ngaberitakeun geus loba rahayat nu ngadalahar sangu poe atawa 
nasi aking. Rajeun aya nu nolak pajarkeun teh teu loyal jeung anggota sejen. 
Kitu deui basa patani kacekek ku harga pupuk nu ngadadak langka bari jeung 
harga parena teu puguh… Malah ribut hayang impor beas. 
 
Duuuh… Gustiiiii.. rek di kamanakeun ieu nagri…??? 
Send instant messages to your online friends http://asia.messenger. yahoo.com 
Messages in this topic (1) Reply (via web post) | Start a new topic 
Messages | Files | Photos | Calendar 
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang- Sunda.or. id
 
 
Change settings via the Web (Yahoo! ID required) 
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch format to 
Traditional 
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe 




Send instant messages to your online friends http://asia.messenger. yahoo.com 





 
____________________________________________________________________________________
Bored stiff? Loosen up... 
Download and play hundreds of games for free on Yahoo! Games.
http://games.yahoo.com/games/front

Kirim email ke