Sagala rupa nu aya kaitan jeung kapentingan nagara jeung masyarakat eta teh
pulitik. Lain ngan saukur ngudag kakawasaan atawa kadudukan. Cenah manusa teh
makhluk pulitik, lantaran geus jadi fitrah manusa hirup babarengan keur
ngawujudkan karaharjaan sarerea.
Tah ngan di urang mah dikira pulitik teh ngan ukur ngudag kadudukan atawa
kakawasaan wungkul. Eta mah saukur instrumen atawa alat nu disebut lembaga
pulitik nu sabenerna mah aya keur ngawujudkan karaharjaan masyarakat tea. Lamun
ayeuna loba lembaga pulitik nu malah anggotana loba mikiran sorangan (rek di
suprastruktur oge di infrastruktur pulitik), eta mah nunjukeun can ngarti tugas
atawa amanah nu kuduna dilaksanakeun, can nyaho atawa ngarti etika pulitik.
Tos ah.
Baktos,
-ika-
"Agus K \"PAKUSARAKAN\"" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
janten menang we nya mang nyarios pulitik dibakus..
da' hirup teu jeung pulitik mah asa hese ka hareup hese katukang..
cing nu ahli2 naon nya pulitik teh sabenerna?
On 1/19/07, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
US aya nu kungsi jadi pimpinan nagara nu kelasnya sajajar jeung presiden.
ngan jarang dibahas. kungsi dina Kompas ditulis ku Asvi Marwan Adam,
sajarawan LIPI, yen Syafruddin Prawiranagara, us wedalan serang banten
teh, kuduna oge disebut dina jajaran inohong nagreg nu kungsi jadi
presiden. jadi aya sukarno, syafrudin, sukarno deui, suharto, habibie, gus
dur, mega, sby. paling henteu, presiden RI geus tujuhan.
mj
http://geocities.com/mangjamal
> bae ketang kang iwan menang... nu penting aya manfaatna keu kasundaan..
> ceuk kuring nya pasti anger solana presiden ri ncan ku US
> sok mun US presiden mah alus lah...
>
> uing nyalonkeun Teh ika, Kang ucep, apih siddik kang maman jeung rea2 deui
> lah
>
>
--
-----------------------------------------------------------
AGUS PAKUSARAKAN
08128377662
www.hr-uwj.com (mangga geura deu2l dulur urang rek manggung
-----------------------------------------------------------
Koperias Amanah Sunda
www.inkas.wordpress.com
www.azzoman.wordpress.com
www.azzoman.indonetwork.co.id
www.indonetwork.co.id/azzoman
---------------------------------------------------------------------
http://aguspakusarakan.blogspot.com/
http://geocities.com/prabu_siliwangi
http://geocities.com/lodaya_9
http://siliwangi.blogs.friendster.com
---------------------------------
Have a burning question? Go to Yahoo! Answers and get answers from real people
who know.
---------------------------------
No need to miss a message. Get email on-the-go
with Yahoo! Mail for Mobile. Get started.