ah ari resep mah henteu. ngan maca sajarah, nganjang ka baheula perlu. lain pikeun agul ku payung butut, da payungna oge teu boga. pikeun ngaca. mariksa kaasup nalungtik panyawat-mun enya disebut panyawat- mangrupa sikep mental, adat, pandangan hirup, jsb nu aya di US.
tah, pan kaluar jurus padahal, salakina bu dahal. > Ngabandungan dongeng pulitik di US, naha geuning bet seueur nu resep > nostalgia, nyarioskeun nu jaman baheula. Jarkeunteh aya US anu kungsi > jadi presiden, sanaos sanes pituin da kacampuran getih Minangkabau. > Keun we atuh eta mah jadi pi euntengeun pikeun lengkah urang ka hareup. > > Tah kumaha atuh ari kahareupna, sangkan US miboga peran anu nanjeur > nepi ka payus meunang sebutan inohong pulitik Indonesia. Da asa jarang > aya US nu jadi menteri we kituh di unggal kabinet. > > Naha enya hal ieu teh kusabab urang sunda boga pasipatan "siger > tengah" nu matak ceunah US mah tara wani aya dihareup da sieun kaciri, > bisi pajar hayang kapuji. > > Padahal dina basa sunda aya kecap "sonagar" (wani di hareup bari pinuh > ku percaya diri?). Meureun ieu kecap aya teh, lantaran aya dina > pasipatan urang sunda. > > Cing ka para Pupuhu jeung Lulugu US, nyuhunkeun diguar tah kecap > "siger tengah" sareng "sonagar" teh, lamun sae pimaknaeunana urang > ajarkeun ka barudak sangkan jadi bekel pikeun teger, ludeung tampil di > hareup jadi pamingpin. > > Hatur nuhun sateuacana. > > Taso >

