Jelas atuh maranehna mah leuwih tegas jeung sonagar
jeung wani dina sagala bentuk. Maranehna lamun menta
teh teges tara make "Pasihan gan..didoakeun sing
lancar rejekina ditangtayungan ku Gusti nu maha
suci...", bari ngasongkeun dampak leungeun. Ari
marahnehna mah teges wae..."Dompet atau nyawa...."
bari "ningalikeun" peso.............Ari US
mah..punten..seueur basa basi,  " Mangga
dituang..atuh...ah..saaya aya wae", Jawabna teh ; 
" Aduh parantos,.... cekap " , bari beuteung
kukurubukan..jeung ngacay...
 
--- AA misan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Haturan baraya Kusnet,
>    
>   Teuing pedah nu dibelana selebritis,teuing pedah
> buruhna badag.
>   Geuning basa di tipi disiarkeun kasus ME - YZ ,
> Alda jrrd mucunghul
>   ngaran-ngaran 'urang peuntas', mun teu salah mah
> diantarana Ruhut
>   Sitompul, Hotman P Hutapea oge Hotma Sitompul .
>   Bari ti poporongos sataker polah maranehna ngabela
> klien-na masing-masing
>   (najan geus ka toong yen klien-na
> salah/bermasalah),jeung maranehna
>   tetep sonagar wani kahareup jeung 'full' pede.
> Malah teu saeutik
>   nu parasea di antara maranehna sorangan,
> ngayakinkeun publik yen
>   klien-na aya di pihak nu bener.Ku sepak-terjangna
> nu sonagar+ full-pede ,nya tungtungna para
> selebritis oge non-seleb kitu deui jelema-jelema
> jegud nu bermasalah katingalina teh leuwih ngareret
> 'urang peuntas' batan ka 'urang non-peuntas' keur
> ngabela atawa nyalametkeun oge ngabebaskeun dirina
> (To-be-off the-hook) tina masalah. Singketna mah 
>   pangacara urang-peuntas leuwih payu (baca :
> sonagar) batan non-peuntas .
>   Naha bet kitu ? Pedah maranehna mah ngabogaan
> kasempetan leuwih loba dina sagala widang batan US ?
> Atawa karesep atawa kamampuan US ukur siger-tengah ?
> Atawa memang urang pentas leuwih sonagar batan US ?
> Ah, duka teh teuing.
>   Hapunten baraya Kusnet. Ieu mah kadar pamadegan
> asli pribadi.
>    
>   Baktos
>   Misan .
>    
> 
>  
> ---------------------------------
> Finding fabulous fares is fun.
> Let Yahoo! FareChase search your favorite travel
> sites to find flight and hotel bargains.



 
____________________________________________________________________________________
Be a PS3 game guru.
Get your game face on with the latest PS3 news and previews at Yahoo! Games.
http://videogames.yahoo.com/platform?platform=120121

Kirim email ke