Assalamualaikum Wr. Wb. SAMPURASUUUNN.....!!!
Dingawitan ku nyebat Alhamdulillah hayu urang sanggakeun ka nu murbehinng alam Alloh SWT, sanajan tipaparanting ngagaleong kaditu kadieu kagiatan Rangkaian Aksi Peduli Kisunda anu acara puncakna dilaksanakan di tungtung kidul Tasik Cikalong tea tiasa rengse kalaksanakeun. Sholawat sinareng salam mugi salami ngocor ka jungjunan urang sadayana Nabi Muhammad SAW, para sahabatna, oge ka urang salaku umatna tug dugi ka akhir jaman. Dina danget ieu simkuring seja ngalangkungan surelek (surat elektronik) ngahaturkeun mang juta-juta hatur nuhun kana sagala pangrojong, pangorbanan (waktos, tanagi, pikiran, komo artos he...he...), kajembaran manah sadaya wargi anu tos terlibat langsung atanpi teu langsung kana kagiatan ieu. Ku abdi katampi pisan sagala kasaean wargi sadayana. Mugi2 sagala rupi amal kasaean wargi sadayana ditampi ku Alloh SWT sareng diganjar ku Alloh ganjaran anu satimpal. Amin. Simkuring oge neda dihapunten, boh bilih salami urang pagilinggisik dina kagiaten ieu aya cariosan, tata titi peryoga anu matak neunggar eusi hate sadayana, anu matak nimbulkeun rasa katugenah, sareng sajabina. Sakali deui nyuhunkeun dihapunten anu sageung-ageungna. Alhamdulillah sadaya rangkaian kagiatan Aksi Peduli Kisunda tos rengse dilaksanakeun sanaos aya adaptasi format acara, kantun ngadamel laporanana. Simkuring ngaraos bingah, sanajan panata calagara aya dimana-mana (jakarta, tasik, bogor, Bandung, luar nagreg), sareng koordinasi seuseurna ngalangkungan internet (lagli pisan tepung di darat mah tiasa kaetang lah). nanging alhamdulillah sadayana tiasa masihan kontribusina saluyu sareng kamampuana sewang2an. Hatur nuhun spesialna kanggo Mang Oman sareng teh ika anu tos mangpirang-pirang seueurna ngabantos dina kagiatan ieu boh tanagi, waktos, oge materi. Teras kanggo Kang Nana Munajat (Jurnalis Galura) anu tos kersa ngiring ngemutan kmh carana sukses kagiatan ieu tug dugi ka tiasa nyumpingkeun tim Seni Sunda Gembyung DANGIANG DONGDO ti Subang sareng anu tiasa ngapasilitasan kagiatan anu di Ciburuy. Kang Yaya Rukayadi di Korea oge hatur nuhun kang, anu cukang lantaran akang oge, tiasa ngalaksanakeun kagiatan ieu. Oge kanggo Kang Gibson, Rezza sareng Azis Cs UIN Jakarta anu tos tiasa sareng kersa but bet kaditu kadieu, ngetrukeun tanaga, pulsa, emutan. Teras kanggo tim acara ( Umi Unpad, Anita sareng adit UPI) hatur nuhun tos kersa ngiring cape sareng rieut dina ngokolakeun acara. Teh susan salaku bendahara sareng kang Supri anu tos kersa ngabntos kagiatan ieu, hatur nuhun pisan teh susan. Anton sareng Adam (Mahasiswa Unsil), sadaya mahasiswa HIMALAYA IPB lan Jakarta, wargi milis kasundaan anu teu tiasa disebatkeun hiji-hiji hatur nuhun kana sagala pangrojongna. Simkuring ngaros reueus tur bingah taya papadana, kana sagala rupi perhatosan sareng kinerja sadaya panata calagara. Sanaos teu sadayana aktif, ieu nujukkeun yen salira-salira ieu anu memang komitmen tiasa di cepeng. Mung sakitu anu kapihatur, mugia urang kapayuna tiasa deui kerjasama dina waktos sareng kagiatan anu benten. Wassalam, HURIP SUNDA...!!! Runa Inawan - Bogor -- ::ri_1:: Hompage : http://inawan.blogspot.com http://inawan.blogs.friendster.com Mobile : +62-818-109410 www.urang-sunda.or.id. su.wikipedia.org [email protected] [EMAIL PROTECTED] urangtasik.multiply.com inawan.multiply.com

