Nuhun Apih, jelas atuh ari saleresna kecap eta teh "miheman", sanes "ni
heman". Anu sanesna mah sapgodos, sanes? :)

manAR


On 1/23/07, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

   Cobi ahhh..ngiring ngareuah-reuah..., manawi teu lepat..
ma'lum saka-emut, teu gaduh kamus basa Sunda.
Upami eta kalimah tina kawih "Duh Aduh Manis", kawihna Hetty Kus Endang,
runtuyanana ;
"Duh aduh manis..., lumenjang emut nu gandang..
deudeuh karaosna.., *asih sumanding miheman*..
ssjb..
Malah tambah kapi sengsrem..., mun *paamprok silih pencrong*
ssjb...ssjb..
Asih sumanding mi heman = nyaah dibarung/sareng ku deudeuh (lebar/tulaten)
sumanding --> s*um*anding ==> sagigireun, nyanding = ngagigirkeun
paamprok silih pencrong = patepung silih teuteup
marahmay : ngagambarkeun paroman (pameunteu) anu nuju bungah/gumbira
tumerapna ==> t*um*erapna ----->nerapna -----> tina terap = masang/make...

Pihatur
ssw

*abah kasep [EMAIL PROTECTED]

 kabiruyungan nya? leres eta...

aya deui yeuh
1. "asih sumanding ni heman" (kadangu na kitu..)
2. "paamprok silih pencrok"  (tangtos sanes silih pacok, pan?
3. 'marahmay" (sanes ngacay ieu mah)
4. "tumerapna"...

sing saha anu tiasa ngabantuan abdi...yeuhh...

hatur nuhun
wassalam
abah
(anu kasep ceuk si ambu mah)
.




http://cikundul3.multiply.com
*Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda*
*Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda*



Kirim email ke