abdi kantos ngalaman hal nu sami, ieu basa bade mios ka malaysia, kinten2 sasih november 2006.basa bade check in teh aya staff imigrasi ngajak ngobrol saurna 'ibu tiasa mengandalkan saya suapaya bisa cepat check in,tidak usah melalui prosedur yang berbelit2"
harita abdi teu seueur nyarios mung muhun2 tapi teu patos dipalire, samarukna abdi TKI atanapi nembe ka luar negeri panginten, teras teu rada lami aya sepuh nu calik sagedengeun abdi di ruang tunggu...bangun nu keuheul katingalna...ku abdi ditaros teh saurna anjeunna disuhungkeun artos ku petugas imigrasi ..da saur sepuh eta sugan teh leres-leres ikhlas ngabantosan anjeunna ari pek teh hoyong artos geningan..saurna petugas imigrasi eta nyuhungkeun 150 ribu kanggo ..ngabantosan anjeunna, abdi ningalna meni hawatos margi tos sepuh...margi hatira anu sapaliheun teh angkaribung nyandak koper seueur kanggo dilebetkeun ka kargo saurna barang2 titipan wargina dimalaysia saurna. ngadangu kajantenan eta abdi leres2 prihatin ( --- Emod Morales <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Geus teu aneh deui meureun nya ! > > Ah ieu mah rek nyaritakeun pangalan kuring we, > harita > tanggal 21 Januari 2007 mulang ti Singapur. Dilawang > imigrasi Cengkareng rek ngecap paspor asup ka > Indonesia. Pagawe Imigrasi nu arana Firdaus nanya: > > Firdaus : Darimana pak ? > Kuring : Dari Singapur Pak ! > Firdaus : Berapa lama di Singapur ? > Kuring : Perjalan 10 hari,di Singapurnya cuma 2 > hari > ! > Firdaus : Buat saya mana ? > Kuring : Apa Pak ? > Firdaus : Apa aja ! > Kuring : Tidak ada Pak ! > > Ku kuring disebutkeun euweuh teh, manehna ulak-ilik > kana buku pasport, neangan alesan mereun. > > Firdaus : Ini bapak statusnya masih kerja,cap > berhenti > kerjanya mana ? > > Kuring : Wah, tidak tau pak ! Itu kan ada cap > keluar > dari imigrasi Singapur, saya masuk Singapur lewat > laut. Jadi kalau mau di cap berhenti / selesai > berkerja harus masuk dari Tanjung Priuk dong ? > > Firdaus : Tidak bisa Pak, ini harus ada cap berhenti > bekerja.Tapi saya bisa ngebantu Bapak ! > > Ceplook...pasport dicap kumanehna. > > Firdaus : Ini pak paspornya saya bantu ! > > Rada satengah keuheul, dicokot pasport teh, kuring > teu > nyebut nuhun-nuhun acan ! Leos we ngingkig. > > Para wargi, anu sering pulang anting ka luar nagri > kungsi ngalan kitu ? > > Apih Siddik, Kang Bohay, Kang Hasan sareng nu lianna > kungsi ngalaman ? > > Elmu tungtut dunya siar, > hade turut goreng singlar, > mun korupsi burut siah..!!! > > > > > > > ________________________________________________________ > > Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! > http://id.yahoo.com/ > ____________________________________________________________________________________ Now that's room service! Choose from over 150,000 hotels in 45,000 destinations on Yahoo! Travel to find your fit. http://farechase.yahoo.com/promo-generic-14795097

