Kang kumi,
Kang Ely teh sigana mah tukang tulas tulis (wartawan)...sasahana mah geus
pada uninga da sok mancala putra mancala putri wartawan mah mun nulis embung
ka nyahoan jati dirina tapi nyoba nyuguhkeun kaayaan nu saenyana nurut
titingaliana, eusi hatena, analisana nu berjuang lewat tulisan.

ieu salah sahiji potongan posting kang ely.. 

Ayeuna mulai permainana:
 
Saha jalmi anu gaduh waktos sadinteun kersa maca hiji milist dugi ka dua jam
satengah ? Pastina jalma pangangguran, atanapi nu nuju stress, atuh oge
jalmi anu teu tiasa gaul langsung (direct conversation), tangtos dina
kelompok ieu teh aya pensiunan, aya mahasiswa kuulen jsb.----->cut.

Puwnten ah kang wartawan sok lajengkeun postingana.

Jalak Banten

-------Original Message-------
 
From: [email protected]
Date: 01/15/07 19:23:52
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] tuluyna lalakon kang Siddik
 
Punten, ngiring mairan... tamba ngalamun bae ieu mah, sabot nungguan hasil
pamariksaan salesma hayam...

Kang Ely, ari urang tulas-tulis atawa cacarita teh pan kadang sok make
rujukan. Jadi, maksud 'Kang Siddik' nanya kitu teh lain kusabab nempo Kang
Ely anu lain sasaha, lain inohong atawa gegeden anu 'kudu' didenge atawa
dipercaya omonganana, tapi justru nanyakeun rujukanana. Ti mana Kang Ely
bisa nyarita yen para pamuda Korea garetol tani? Bilih wae teu acan uninga, 
Kang Siddik' anu naros teh tos puluhan taun ngumbara di Korea, jadi tangtu
apal kahirupan sapopoe masarakat Korea. Kituwww... Atuh da bongan, meh bae
sakabeh warga milis ieu teu nyaho naon kasang tukang Kang Ely, dalah
pamatuhanana di mana ge euweuh nu nyaho... Sabalikna ti eta, oge Kang Ely
sigana teu apal ka saha2 anu ijigimbrang-ajagambring  hog-hag padungdengan
jeung salira di ieu milis. Ketang, ari sabulangbentor onaman, teu kudu ieuh
make aturan... Tapi da ketang, tulisan salira di ieu milis mah geuning
eusina daria. Kang Bohay ge nepi ka ngahuleng tujuh poe tujuh peuting...
mikiran postingan salira teh... heuheu... Peace ah, Kang Boh...

Bener, urang ulah pati teuing nempo figur saha anu nyarita, tapi si saha teh
penting oge dipikanyaho, ulah nepi ka ninggang kana babasan mamatahan ngojay
ka meri, ngawulang hiber ka laleur. Tulas-tulis ilmiah atawa dina kalawarta
biasa oge pan, urang teu bisa sagawayah, sabab sakuduna mah luyu jeung
kamaheran alias kompetensina sewang2an. Kitu teh bisi bae ka hareupna aya nu
malik nanya kana sagala ucapan/tulisan urang. Kituwww... (deui).


On 1/13/07, ely evalita < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
Punten akang anu bageur, cobi ti ayeuna diajar nalar, regepkeun. "JANGAN
LIHAT SIAPA YANG BICARA TETAPI LIHAT ISI PEMBICARAAN DAN MANFAAT SERTA
MAKSUD DARI MATERI PEMBICARAAN".

Tah upami akang menganut konsep ----- ceuk saha ----, ieu bakal
ngabalukarkeun akang katipu ku figure, hartosna Omongan orang terkenal anu
geus teu waras atawa pikun bakal dianggap bener ku akang.......... punten
kangnya.


 
 

Attachment: IMSTP.gif
Description: GIF image

Kirim email ke