Nambihan sakedik, dina pawayangan, kecap arya (aria) sok dianggokeun ka anu
ngajabat patih (wakil raja), contona Aria Bima (wakil raja Amarta nyaeta
Yudistira), Arya Sangkuni (wakil raja Astina). Di handapeun patih (aria) aya
jabatan adipatih (adipati), contona Adipati Arjuna.
Salam,
Asep
kang boim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
punten..., pami teu lepat " Aria" = " Adipati" teh pangkat atanapi
jabatan (anu sakumaha ku kang Oman didugikeun) anu satingkat / sami sareng
bupati di jaman ayeuna.
jadi pami aya nami Aria /Arya eta teh nyutat tina kalungguhan hiji gegeden tapi
turunan menak.
duka pami Aria Dursanana mah...(pajabat ti nagara Astina.) hehehe
"kkbm'69"
On 1/24/07, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
"Aria" asana hiji jabatan/kalungguhan di pamarentahan karajaan kapungkur. Oge
asana di wetan anu ngagunakeun eta nami teh. Tapi, tangtu eta nami aya
asal-usul atawa harti anu sae, mung hapunten abdi teu terang. Manawi anu sanes?
manAR
On 1/24/07, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
arya? ras (kategori bangsa dumasar antropoologi meureun) urang jerman
jaman asep hitler. ras pangpunjulna di eropa. harita nu panggorengna di
eropa, ras yahudi. hihi.
mj
http://geocities.com/mangjamal
>
> Punten Kang Oman,
>
> Umapi kecap nami "Arya" eta di bahasa naon? bhs sunda sanes?.
>
> Hatur nuhun,
> JB
>
>
---------------------------------
Now that's room service! Choose from over 150,000 hotels
in 45,000 destinations on Yahoo! Travel to find your fit.
---------------------------------
Never miss an email again!
Yahoo! Toolbar alerts you the instant new Mail arrives. Check it out.