Kaleresan di pangulinan aya jurusan DKV. Lowongan ieu Tos diteruskeun ka
babaturan di DKV (desain komunikasi visual). Sugan aya nu anyar lulus jeung
daek. 

 

  _____  

Tah upami Akang Eceu gaduh wargi atanapi babaturan anu kinten-2na daek cape
gawe jeung sumangatna edun + creatip... upami tiasa mah nu resep ngulik
Desain Komunikasi ... tiasa mentransfer pesan-2 marketing ka media-2 anu
efektif... misalna ngadamel iklan di majalah, koran, banner, leaflet,
jrrd... :D.

Syarat pendidikan na mah
- Boh S1 atanapi D3 oge welcome :D. Universitas na mah ti mana wae :D...
tapi langkung prefer ti Sakola Design, Artisek eeeh Arsitek, Seni Rupa, ...
mung teu terbatas kana eta.
- Syarat nu sanes IPK kedah langkung ti 2.75 :D... ambeh nyambung ngobrolna
:D... ulah abong kena tiasa think outside the box tapi teu nyambung pan
ripuh... eta mah "creatip" teuing :D.
- Lalaki atanapi Cowok eeeh Cewek sami wae mangga... welcome. Nu penting PD
ngaros kasep atanapi geulis :D. Mun lalaki mah syaratna kudu cunihin :D...
lamun teu cunihin pasti moal cratip hehehe (punten heureuy).
- Kantorna engke di Bogor janten kedah daek tinggal di Bogor... timana wae
asalna mah terserah :D. 
- Gawe jam kerja normal sapertos nu sanes... ngan wayahna upami nuju
ngudag-2 deadline kedah wayahna we :D. Tapi ari kopi, teh, jeung emameun mah
saaya-2 we :D.
- Syaratna oge kudu humoris ... ulah baeudan soalna meh abdi ngobrolna asik.

Mangga bilih aya saha wae anu tertarik... ieu peryogina URGENT pisan ...
mangga kirim lamarana ka imel abdi: [EMAIL PROTECTED]
<mailto:asep4x4%40yahoo.com.sg>  atanapi cc ka [EMAIL PROTECTED]
<mailto:asep%40petrotekmigasindo.com>  :D.

Oh enya nu dikirim na mah biasa wae ... CV, Cover Letter .. pas foto atanapi
nu keur ngagaya ge tiasa :D... lamun anu keur senyum eta langkung sae :D.
Tah komo deui lamun aya portofolio na mangga dikirim oge... janten abdi
tiasa ninggali langsung karya-2na :D.

Sakitu heula mudah-2an aya mangfaatna infona.

Salam,
Asep


-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com  

Kirim email ke