abdi kang teu gaduh kandaraan. tapi teu gaduh carita kanggo curhat.
da tos maklum. dunya teh pinuh ku nu gelo. soal mobil, winston churchil
kungsi nyarita kieu, mobil teh anugrah tapi oge kutukan. soalna di london
oge harita mah sok macet. nyieun jalan lingkar luar, M naon kitu namina,
angger we macet. hehe

ari kuring onaman gelo na geus ti beh ditu, jadi teu aneh soal jalan,
mobil, motor, jelemana, jeung sajabana. nu anyar boga motor tangtu ngarasa
boga kabebasan, merdeka euy! bisa kamana mendi teu kudu naek umum. oge
sawareh boga sumanget pembalap. rarasaan jalan nu sorangan.

nu dina mobil, kitu. rarasaan jalan teh keur mobilna wungkul. heuheu.
mental hirup bareng silih agehan can pati kandel. nya bisa katoong di
jalan. jelema parebut jalan, lain silih agehan.

aya jelema ngajanteng sisi jalan rek meuntas, jarang mobil motor nu uereun
atawa ngerem heula. paheula-heula. di negeri batur mah nu leuwih gelo,
mobil teh eureun heula. di urang mah jelama heula nu ngelehan, ngadagoan
mobil liwat.

kasenggol

soal kajadian di jalan, kungsi katulis dina novel epigram. yen sok aya nu
mobilna ka senggol sok ngamuk. komo mu nu nyenggolna sarupaning angkot
alias jalma kere dibanding nu dina mobil sedan.

dina carita saliwat eta ditembongkeun sikep si Kris nu teu paduli, pirage
kaleng naha bet kudu ambek ka supir angkot sagala. da pastina teu kahaja.

jelema hirup loba masalah sabab kitu. teu adil. nempatkeun hiji barang
lain dina tempatna. banda pakaya siga mobil diasupkeun kana hate, puguh we
heurin. jadi we kitu, kasenggol batur ambek asa kahina harga diri. hihi.
kiruh dunya teh kunu karitu.

hate mah tempat cinta.

tapi teuing eta tulisan dina epigram kitu teh pedah nu nulisna kuring kitu
nu teu boga kandaraan? tapi dina bogana oge jaga -mun henteu porsche nya
maybach we dua mah, haha - mudah2an we  henteu diasupkeun kana hate.

mj

http://geocities.com/mangjamal


> Sok atuh damel" Curhatan nu teu boga kandaraan"
>
>
>




Kirim email ke