Ieu mah ngiring ngareuah-reuah perkawis pangaos gula kawung..
Pangalaman sim abdi unggal wangsul, kanggo oleh-oleh bagikeuneun ka ibu-ibu
teh
gula kawung, eta oleh-oleh mangrupi gula kawung, katampi pisan ku ibu-ibu,
ma'lum di Seoul mah teu aya anu icalan gula kawung, dalah di Batawi oge sesah
saurna.
Tempat meser gula kawung teh gaduh dua tempat hiji di desa Cijati, kacamatan
Tanggeung
hiji deui di desa Naringgul, kacamatan Cidaun, duanana dipakidulan Cianjur.
tos sabaraha kali wangsulan meser teh tetep we pangaosna Rp. 25.000
sabeungkeutna,
sabeungkeut = 10 bonjor, duka sabaraha kilona mah...
Mung bae taun kamari (2006) kumargi katiga/halodo na rada rongkah, seueur
leungeun
kawung anu diparalingan sateu acan ditinggur, ceuk selentingan eta
leungeun/kembang
kawung teh kanggo parab domba/embe.
Kuayana hal eta utamina di desa Cijati produksi gula kawung janten ngirangan.
Alhamdulilah taun kamari mah di tempat meser gula kawung teh mung tiasa meser
8 bonjor.
Pihatur
ssw
Nambihan, sim abdi mah meser gula kawung langsung ti panyadap.
oman abdurahman [EMAIL PROTECTED]
Seja madungdengkeun gula beureum tina jihat bisnisna. Kieu
dongengna:
Ayeuna-ayeuna ieu aya babaturan anu perlueun supply (ngasupkeun) gula beureum
(asal kalapa) keur kaperluan pabrik. Lumayan cenah kaperluanana teh nepi ka 15
ton/minggu. Ngan nyakitu, hargana teu asup. Si pabrik teh ngan wani
narima/meuli Rp 5.000/kg fob. Sedengkeun di lokasi-lokasi sumber gula beureum
harga teh paling murah Rp 5.200/kg da bubuhan ti bandar. Cekeng teh: "Atuh
neangan wae langsung ka penduduk?" "Wah beurat mang, da bisnis gula beureum
mah geus dikawasa ku bandar", walon babaturan.
Tah, info ti babaturan teh, anu asalna ti Tasik, tadi dikuatkeun deui ku
sobat anu asalna jeung rada apal wewengkon Cianjur kidul. Sobat anu kasebut di
akhir bieu oge kungsi ancrub dina bisnis gula. 'Enya mang, di daerah nu
ngahasilkeun gula, urang moal bisa mubus kakawasaan bandar, da puguh sistem
ijon tea anu berlaku", ceuk sobat nu ti Cianjur. "Eta wae kuring kungsi ancrub
ka penduduk neangan harga anu leuwih murah ti bandar, ih da teu ongget-ongget
rahayat teh, tetep dina harga anu sarua jeung harga bandar", ceuk inyana
neruskeun.
(Sadaya obrolan di luhur lumangsung ngaliwatan chatting (YM, nuhun eung nu
nyieun YM, internet, komputer, kabel, jst)).
Geuningan kitu nya kaayaan patani gula di pasisian teh, estuning hirupna
(usahana) aya dina leungeun bandar. Ceuk bandar saanu, nya saanu ngajual
produksi teh. Karunya temenan.
Baraya,
Manawi aya bongbolongan, mangga diantos. Boh bongbolongan usaha keur
narekahan ngudar sistem ijon anu meulit patani urang di pasisian, atawa keur
nyambungkeun bisnis ki sobat. Sugan wae nyararambung :).
baktos,
manAR
Recent Activity
22
New Members
2
New Files
Visit Your Group
SPONSORED LINKS
Culture change
Corporate culture
Cell culture
Organization culture
Tissue culture
Need traffic?
Drive customers
With search ads
on Yahoo!
Yahoo! Mail
Get on board
You're invited to try
the all-new Mail Beta.
Yahoo! Photos
Share Your Photos
via email &
Yahoo! Messenger
.
http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda