Assalamualaikum...

Kanggo wargi Kusnet sadayana, simkuring bade masihan iber yen ngke dina raraga 
Ujian Akhir Semester, simkuring saparakanca (sakelas) bade mintonkeun Drama 
Sunda. Ka wargi Kusnet sadayana, diantos kasumpingan nana. Sakantenan ngariung 
panginten.



Republik Semut Hitam bade mintonkeun
Hiji Drama Sunda nu judulna

"KURUNG HAYAM"
Karangan Iwan M. Ridwan
sareng Pian Geheng (anu kapungkur ngalongser di Garut tea).

Tempat: Gedung Kesenian Dewi Asri STSI Bandung
Jalan Buah Batu No. 212 Bandung

Tanggal: 27-28 Januari 2007
Jam: 10.00 WIB sareng 14.00 WIB

Kalayan:
Sutradara Nanda Darius
Artistik Eka Permana

Para Pamaen:
Asep Holidin, Asep Sopandi, Deti Gartika, Ami Risalatun Nisa, Uli Revana, 
Kantini Soleha, Pian Geheng, Iwan Ridwan, Eri Mantri, Puspita Hadiati, Nendah 
Herawati, Peri Huizche, Semi Ikra Anggara, Taufik Darwis, Yessy Puspa, Bagus 
Setiawan, Wida Sireum Hideung.



Sakitu panginten iber ti simkuring. Perkawis tiket, saleresna aya tiketna. Tapi 
kanggo wargi Kusnet nu bade sumping, insya allah gratis. Asal sateu acanna 
masihan heula wartos ka simkuring. Saha wae nu bade sumpingna, supados 
simkuring tiasa nitip pesen ka penjaga panto. Sakitu heula panginten.

Bilih aya nu bade ditaroskeun, mangga telp ka: 081572168546 (a.n wida).
Hatur nuhun.


Wasallam,
Wida.



Kirim email ke