--- In [email protected], Reksa Gantra <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
   
> Upami Akang panasaran keneh, ti mana satemenna karuhun urang, 
> cobi bukaan deui arsip milis. Asa nembe kamari Kang Surtiwa 
> saparakanca nyawalakeun perkawis ieu. Ngeunaan pangeusi Nusantara > 
purba, sigana Kang Oman nu langkung paos. Atanapi Bah Willy. 
> Anjeunna nu kapungkur kantos medar perkawis ieu teh. 
>   
> Baktos,
>   MGT

Kang Brad, kuring oge ceuk cenah. Aya sababaraha tangkorak nu kapendak 
di guha-guha gunung kapur ( guha Karst) di Jawa,  nu ceuk para ahli 
antgprologi ragawi, ieu tangkorak teh tangkorak ras Melanesia (urang 
Papua jeung di Pulo-pulo pasifik). Janten jaman baheula teh P. Jawa 
dieusi ku ras ieu samemeh kadatangan ras Melayu (mongolid) ti daratan 
Asia. 

Nu jadi bahan patarosan, kamarana ayeuna ras melanesia? .....hehehe 
meureun beak di Jawa mah, eleh dina "bersaing" kahirupan jeung ras 
mongolid, nu leuwih maju kabudayaanana.

Meureun ketah ...

Baktos,
WALUYA
 



Kirim email ke