Referensi ngenaan asal-usul kecap arya atawa aria bisa dipaluruh dina
http://www.answers.com/topic/aryan
Jelas yen jelema anu nempatan wilayah Indo - Eropa (ti mimiti Indo [Indu
atawa India], Afganistan, Iran, Turki nepi ka Eropa) lawas geus ngagunakeun
kecap aria. Malah Iran jaman baheula disebut-sebut sabage puseur wangsa aria
(arian anu akhirna jadi kecap iran).
Jigana mah kecap aria datang ka pulo Jawa ngaliwatan urang India.
Catetan:
Bangsa-bangsa di wilayah India nepi ka Eropa jigana mah boga hubungan sajarah
jeung bahasa. Lamun ditilikan struktur kata sifat bahasa sansakerta (bahasa
urang India baheula), bahasa Turki (kuring pernah ka Turki 3 bulan katukang)
jeung bahasa-bahasa Eropa ngagunakeun struktur MD (Menerangkan - Diterangkan).
Contona di India aya kecap maha raja (maha menerangkan, raja diterangkan) lain
raja maha. Di Inggris digunakeun kecap great king (great menerangkan, king
diterangkan) jadi lain king great. Di Turki oge sarua ngagunakeun struktur MD;
misalna kecap Turk Hava Yollari (Turkey Airline Inc). Teuing lamun bahasa Iran
saacan kadatangan bahasa Arab kadinya. Jigana bahasa asli na mah sarua
ngagunakeun struktur MD dina kata sifat-na
Salam,
Asep
Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kecap aria (atawa arya) datang lain te wetan tapi ti kulon (ti
Indo-Eropa: India, Persia/Iran, Eropa). Arya nurutkeun kitab Weda (anu ditulis
dina basa sansakerta) boga harti unggul, boga ajen, terhormat, atawa bangsawan.
Para ahli bahasa Eropa dina abad 19, mutuskeun yen kecap aria kamungkinan
digunakeun sabage ngaran bangsa Indo Eropa saacana maranehannana mencar jadi
sababaraha bangsa anu ngagunakeun bahasa anu beda-beda.
Dina abad 20, Nazi ngagunakeun kecap aria pikeun nyebut ras Eropa ti Jerman
ka kulon jeung ka kaler, anu lain turunan Yahudi.
Lamun ngadengekeun carita wayangna pa Asep Sunandar Sunarya, kecap aria
digunakeun ku anjeunna pikeun gelar bangsawan handapeun raja anu henteu boga
daerah kakawasaan, nyaeta patih. Contona Aria Sangkuni atawa Patih Sangkuni.
Kecap adipati dipake kua pa Asep Sunandar Sunarya pikeun gelar bangsawan anu
boga hiji daerah kakawasaan, contona Adipati Karna.
Kecap adipati digunakeun oge pikeun nyebut pangawasa tatar Ukur (ngaran
Bandung baheula?) anu aya dihandapeun pamarentahan ratu Walanda, nyaeta Adipati
Ukur. Ayeuna ngaranna dipake ngaran jalan di hareupeun Unpad.
Jadi kasimpulanna, aria the kecap anu boga harti alus jeung dikaitkeun kana
strata sosial di sababraha nagara Indo-Eropa.
Salam ti Cibubur - Jakarta,
Asep
Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote: aria sok aya oge nu nyebut
harya... meureun asalna mah enya ti wetan. ngan jadi bingung lamun napel ka
ngaran banga. gara-gara googling eta oge, da ukur eta sumber tatanya nu aya di
hareupeun. aya nu nyaruakeun antara hariang banga jeung aria banga. bener kitu?
aria teh sarua jeung hariang.
dh
On 1/26/07, hangjuang bodas <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Leres
pisan nu didugikeun ku Bah Willy. Raden, Aria, Adipati jeung Pangeran memang
gelar pikeun Bupati atawa sok sering disebut oge Dalem. Gelar pangpunjulna
nyaeta Pangeran, sedengkeun Raden, gelar Bupati panghandapna. Aria jeung
Adipati aya ditengah-tengahna. Gelar-gelar ieu diistrenkeun ku Walanda
(pamarentah kolonial mangsa harita) gumantung kana prestasi sang Bupati
sewang-sewang. Prestasi di dieu tangtu wae sagala rupa nu ngajadikeun
kauntungan pikeun Walanda.
Kecap Aria (Arya) teu tiasa disebut kecap pituin sunda, jigana mah kecap ieu
impor ti wetan (jawa), tos aya ti samemeh karajaan Mataram Islam, contona aya
tokoh nu ngaranna Aryo Penangsang.
Di wetan mah gelar Aryo masih keneh dianggo, saperti di lingkungan Keraton
Solo, mung kecap aryo tos robih jadi Haryo. Bangsawan Solo seueur nu kagungan
gelar KGPH kacindekan ti Kanjeng Gusti Pangeran Haryo
Baktos,
pun hendra
___
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
---------------------------------
Expecting? Get great news right away with email Auto-Check.
Try the Yahoo! Mail Beta.
---------------------------------
Cheap Talk? Check out Yahoo! Messenger's low PC-to-Phone call rates.