rumasa, najan pernah maluruh ngeunaan flu manuk ieu keukeuh teu pati ngarti. jadi nu narik ati uing mah ukur sapada ieu, malahan ukur sakecap "baregug"... lucu. begug pan lawan kecapna belegug.. gug jeung gug.. murwakanti... heuheu
teu baregug = barelegug siga legug!!! legug: mun teu salah heulang jurig.. sorana aya tapi tanpa jirim, meureun, pan jurig mah mahluk goib haha (maksa!) siuing, dh On 1/29/07, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ti payun mah justru kareuheul, naha pamariksaan nu kitu patut bae kudu dipigawe di nagara peuntas? Na bangsa urang teu baregug? Boga, bangsa urang boga kabegug. Virus flu hayam bisa dipigawe di dieu, ku bangsa urang sorangan... Oge, eta teh teu ngandelkeun sakali pamariksaan. Tangtu aya duplo-triplona, mun sampelna nyukupan...
-- ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:

