kang,
Aos heula buku profile orang betawi karangan Ridwan Saidi eks anggota MPR
tea, budayawan sareng ustad oge. Kamari geuning ribut geuning nuduh...Pak Ajip
nu henteu2 nepika di uruskeun sagala.
Di buku eta, asal2 muasal kecap, rada kumuha kitu nya maca buku eta teh. Asa
jauh jeung buku-buku damelan urang sunda atawa urang jawa ngeunaan jakarta.
porenges
Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sumuhun kang,
Sim kuring oge hoyong generasi urang sareng turunan henteu pareumeun obor yen
DKI Jakarta teh kapungkurna mah dihuni ku urang Sunda. Batawi mah pan munculna
oge nembean, akibat akulturasi budaya Sunda, Jawa, Arab, Cina, jsjbn saparantos
ngadegna kota Batavia. Buktosna seueur tempat anu dingaranan nganggo basa
Sunda. Contohna:
1. Cihideung anu janten Cihideng teras Cideng akhirna janten Cidéng
2. Golodog anu janten Golodok akhirna janten Glodok (pintu masuk ti laut ka
daratan Sunda Kalapa)
3. Ciledug anu janten Cileduk
4. sareng anu sanesna
Salam,
Asep
Aldo Desatura <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Dear,
lain kunanaon baraya sadayana.... ku lantaran teu loba deui barudak nu
apaleun kunaon sababna daerah "menteng" teh di sebat "menteng", kunaon
"rawamangun" ayeuna janten namina "rawamangun" atawa asal usul "talaga warna"
tah... pan loba pisan nu can kagali..?? meh generasi urang teh teu "pareumeun
obor" kitu ceuk kolot teh ....
----- Original Message -----
From: brad porenges
To: [email protected]
Sent: Tuesday, January 30, 2007 11:13 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Sajarah Jakarta ---> Kang Asep & Aldo
Kang Asep, kang Aldo,
1. Salah sawios buku ngeunaan Sunda Kalapa teh juduna:
Sumber-sumber asli sejarah Jakarta, 3 jilid kenging Adolf Heuken SJ.
Tangtos seueur keneh anu sanesna.
2. Salah sawios buku ngeunaan sajarah kota:
Sejarah Kota-kota lama di Jawabarat, Dr. Nina H Lubis. Aya sababaraha
kota anu dibahas ku ahli2 sajarah Unpad.
Tangtos seueur oge buku-buku nu sanesna.
Mangga geura pilarian engkin urang "ngadu bako" (aos: abdi bade naroskeun ka
Akang, kitu). :) Utamina mah ngeunaan Jakarta...
baktos,
porenges
---------------------------------
Cheap Talk? Check out Yahoo! Messenger's low PC-to-Phone call rates.
---------------------------------
Now that's room service! Choose from over 150,000 hotels
in 45,000 destinations on Yahoo! Travel to find your fit.
---------------------------------
Never miss an email again!
Yahoo! Toolbar alerts you the instant new Mail arrives. Check it out.