Leres apih, di daerah Kanekes oge urang Baduy ngadamel koja tina tali anu
bahanna tina kulit tangkal Teureup. Anapon ari Teureup eta tangkal jenis
nangka, asana mah. Jadi, aya Teureup, Kulur (B.Ind: Sukun, B. Jawa: Keluwih,
B. Bugis: Baka), Nangka, oge Cempedak (tuh, karek ditulis oge geus
ngahiliwir seungit khas buah nangka jeung dulur-dulurna)..
Tah ngeunaan kameuti eta abdi nembe terang. Nuhun Pih.
baktos,
manAR
On 1/31/07, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ieu mah ngiriing ngaramekeun wee..
Didaerah Cianjur ;
Koja : mangrupi kantong (disorendang) didamelna tina anyaman kulit tangkal
Teureup
Kaneron : sapertos tas sorendang aya tutupan, didamelna tina anyaman kulit
Hoe
Kameuti : ampir sami sareng kaneron namung teu aya tutupan, didamelna tina
anyaman
daun tangkal Gebang ( Gebang, ampir sami sareng tangkal
Palm/Jambe namung
daunna meber sapertos kipas, lambaran daunna liat tiasa
dianggo tali).
ssw
*oman abdurahman [EMAIL PROTECTED]
1. Heuheu...puguh eta anu jiga biskuit teh asalna tina tangkal/buah
gambir. Tapi, upama si kuring salah ngeunaan bahan nyeupah, "Gambir" mah
teges ngaran tatangkalan. Hal eta kungsi kabaca dina salah sahiji buku. Ke
heula sugan inget buku naon, rek dikotektak heula.
2. Koja di wewengkon kuring eta kaasup sajenis korang badag. Bisa wae,
maksud umum "koja" eta sarupaning kantong. Rupa-rupa kantong: kaneron, koja,
jst.
Nuhun padungdenganana.
manAR
On 1/31/07, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> mang, aya dua hal nu rekdibandingkeun, sabab papalimpang jeung kanyaho
> kuring salila ieu.
> 1. gambir. salah sahiji batur ngalemar (nyeupah). mun teu salah lain
> sarupaning bubuahan, tapi rupana jiga biskuit. duka dijieun tina naon. mun
> sikuring teu salah, mang oman jigana pahili jeung jambe.
>
> 2. koja asa sanes korang gede. koja mah asa sarupaning kantong, ayeuna
> masih mindeng dipake ku urang baduy. dijieunna tina kulit kai.
>
> kitu meureun,
> dh
>
>
.
http://cikundul3.multiply.com
*Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda*
*Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda*