Saminggu ka tukang, aya presentasi hade tur hebat di tempat gawe
kuring di Bogor. Dua atawa leuwih presentasi anu disayogikeun ku
jalma-jalma anu linuhung elmu pangaweruh tur linuhung ku "walla" jeung
"barra" kamanusaan. 
Presentasi kahiji ti Prof Reka Rio. Saurna ti Tehnik Elektro ITB
(punten upami lepat). Presentasi anu matak pihookeun. Mempesona mun
basa Indonesia mah. Lain ngan wungkul ideuna anu brilian tur jenius,
tapi sumanget bakti kamanusaana anu kentel tur kuat. 
Prof Reka Rio ngajengkeun konsep energi alternatip berbasis panas bumi
(geothermal). Aya pesen ideologis anu diserat dina reflikasi konsep
anjeuna anu didemonstrasikeun di payun. "Milik rakyat Indonesia"! Hebat!
Di tengah kanyataan anu katinggali ku kuring, rahayat anu ngabogaan
milik sorangan, di Indonesia teh meh euweuh. Sakabeh hal, dina
praktekna , siga lain milik rakyat. Tapi oge lain milik nagara siga
dina UUD 45 pasal 33. Teuing boga saha. Prof Reka Rio nandeskeun ieu
milik rakyat. (ke lain waktu urang bahas deui anu kieu)
Presentasi kadua ti Kang Edy. Anjeuna ti CV Cihanjuan Tehnik. Upami
prof  Reka Rio pinuh ku konsep tur ideologis, Kang Edi mah, sigana tos
siga Prof Sajogyo ti IPB ayeuna. "The concept is nothing", saur
anjeuna basa kuring hog-hag diskusi di Sains (sajogyo inside). Tapi
duka ketang. 
Ngan hiji hal anu kuring apresiasi pisan ka Kang Edi. Anjeuna
ngarupakeun hiji jalma anu teu pernah miskin kreasi tur inivasi. Tiasa
ninggali peluang sok sanajan dina kaayaan sempit tur poek. Nya salah
sahijina, produk anjeuna turbin cemplung. 
Ku anjeuna, ratusan bumi jadi boga listrik. Rebuan urang jadi kacaangan. 
Kang Edi,dina paninggali kuring nu heureut,ngarupakeun tipologi urang
sunda anu keur ngabaktikeun diri kana peningkatan harkat kamanusaan. 
Kuring ngaharewoska salah sahiji Bos anu urang Jawa tapi gede di tatar
Sunda: "Pak, ieu sumbangan ti Bangsa Sunda, keur Bangsa Indonesia!".
Anjeuna seuri ngahaha. 
Cindekna, kuring manggihan loba palajaran ti jalmi-jalmi eta.Teras,
anu teu eleh hebat, barudak mahasiswa ITB anu nyarengan Prof Reka Rio.
Tetela, ITB teh hebat pisan, euy! Kuring angkat topi keur maranehna. 
***
Kang Edi, Prof Reka Rio, baktor kuring keur anjeun duaan. Mugia naon
anu diabdikeun ku anjeun ayeuna, tiasa mendak momen anu hade tur gede
dina waktosna. 

Salam baktos
tantan

Kirim email ke