'Rakaki Bujangga Manik, 
       rakean Ameng Layaran, 
       utun, kita ditanyaan,
       ditanyaan ku tohaan,
460 ku na taan Ajung Larang
       Sakean Kilat Bancana.
       Eta seupaheun di imah,
       bawa si Jo(m)pong bihini,
        ti dalem ti na tohaan.
465 Seupaheun diwela-wela,
       dihanceng di pasileman,
       dituruban saratangan,
       ra(m)pes na beunang ngahaceng.
      / /9r/
        Naha ngaran(n)a ku ha(n)teu?
470 Ga(n)tal tu(ng)gal ga(n)tal Jawa,
       tektek batri nyare-nyare,
       batri nyela batri nyelu,
       batri ngagiling di pingping,
        batri mauc di hareugu,
475 dianggeuskeun di pinareup,
      ditalian ra(m)bu tapih,
      panalina boncah laki,
       pakeun berejakah hayang,
       tektek siratu manggae,
480 mo mere moma kadaek;
      ga(n)tal siratu manglayang,
       mo mere moma kahayang;
       batri ngarakit-palidkeun, 
     [ms.-raket-]
       batri no(ng)tong-silo(ka?)keun,
485 beunang nyila-batarakeun,
       tektek kasih pala kasih,
       jurung-jarang kapur si(n)jang,
       sekar agung pala bukan,
       lulu(ng?)kut deung kadal meteng,
490  ratu ga(n)tal di Pakuan,
       pinang tiwi pinang ading,
       pinang tiwi ngubu cai,
      batri nyeungceum di kasturi,
       kapur Barus di na cupu,
495 bunga resa di najuha, /9v/
      dedes deungeun majakane,
      jaksi deungeun kamisadi,
      dikukup ratna ko(m)balah,
      dua buah ca(ng)ci lenga,
500 diteunyuh ku aer mawar,
       narawastu agur-agur,
        bubura peu(n)tas sagala.
        Seupaheun bawa si Jo(m)pong,
         era deungeun pikaeneun,
505 pikaeneun buah reumbeuy, 
       seupaheun pananya tineung,
       ti dalem ti na tohaan.
      Anaking, haja lancanan,
      karunya ku na tohaan.
510 Lamun kita majar daek,
       aya leuwih ti sakitu,
       pangirim ti na tohaan.
      A(n)ten limur pikaeneun,
      sabuk wayang na pakeeun,
515 keris malela soreneun.
      Lamun kita majar daek,
      a(n)ten leuwih ti sakitu:
       dikiriman sesebutan, 
        kapur Barus ta(m)ba geuruk,
520 batri nyeu(ng)ceum di cipinang,
      dibalunan ku hasiwung,
       ngaran(n)a rakit candana.
      A/naking, mulah mo sebut, / 10r / 
       karunya ku na tohaan.
525 Lamun kita majar daek,
       a(n)ten liwat ti sakitu.
       Tohaan majar ka luar,
       majar nu datang ku ma(n)ten.
        Baruk carekna tohaan:
530 "Lamuning datang ka luar,
       aing dek mikeun awaking,
       dek nya(m)ber bitan na heulang, 
       ngarontok bitan na meong,
       menta ditanggapan jalir."
535 Anaking, haja lancanan,
      karunya ku na tohaan.
      Sugan sia hamo nyaho,
      tohaan geulis warangan,
       ra(m)pes rua ra(m)pes tuah,
540 teher geulis u(n)dahagi,
      hapitan karawalea,
      buuk ragi hideung teuleum, 
     (ms. cuuk)
      ceta hamo diajaran.
      Na geulis bawa ngajadi,
545 na e(n)dah sabot ti pangpang, 
       ha(n)teu papahianana.' / 0 /
      Sane(m)bal na berejakah:
      'Euh a(m)bu, kumenep teuing!
      Lamun di/turut carekeng, / 10v/
550 dara barang pati(ng)timkeun,
      eta na carek larangan.
      Sugan hamo kaawakan.
      Leu(m)pang bawa pulang deui,
      leu(m)pang reujeung deung
      si Jo(m)pong,
555 ka dalem ka na tohaan.
      Seupaheun ta bawa deui,
      buah reumbeuy bawa deui,
     piburateun pihiaseun,
      eta bawa pulang deui.
560 Pikaeneun pisabukeun,
      kalawan keris malela,
      leu(m)pang bawa pulang deui.
      Eta carek sesebutan, 
      carek cangkrim na tohaan,
565 aing nyebutan ngaran(n)a.
      Carek di na rakit sakit.
      Carekna di na candana
        tohaan sakit salama.
        Carekna di na dpinang
570 eta cimata tohaan.
      Carekna di na hasiwung
      leuleus awakna tohaan,
      balas mitineung awaking,
      sakit mu(ng)ku dilancanan.
575 Heman ku beunanging bakti,
       ku talatah nu mitutur,
       ta / latah mahapandita. /11r/ 
      Lamun diturut carekeng, 
      leu(m)pang bawa pulang deui,
580 leu(m)pang reujeung deung
      si Jo(m)pong, 
      ka dalem ka na tohaan.
      Datang ma kita ka dalem,
      mulah salah bawa beja,
      pihalang rerekan aing,
585 a(ng)kul-a(ng)kulkeun ku carek, 
      ma(ng)ka cita sa(m)bat wala, 
       samodana ka tohaan.
      A(m)bu, picarekeun kita:
       Aja rang, si utun mumul."
590 Palias pista nodea,
       ha(n)teu acan kapiteuneung,
       me(n)ding hayang berejakah.
      Deung deui, kakara cu(n)duk
      ti gunung, 
       kakara datang ti wetan,
595 cu(n)duk ti gunung Damalung,
      datangna ti Pam(e)rihan,
       datang ti lurah pajaran,
       asak beunang ng[w]ajar warah,
        asak beunang maca siksa,
600 pageuh beunang maleh pateh,
       tuhu beunang nu mitutur,
       asak beunang pangguruan.
       Ma(ng)kaing diri deung jugi,
       [ms. mangkuing]
        mana leu(m)pang deung tet6ga,
605 nurut deungeun dewaguru,
      pa(n)dita deung nu pu/rusa.
       /11v/ Wageuyeng ameng sagala. / 0 / 
      Paeh aing hamo mangku(k)
      aing di na dayeuh ini,
610 ja kitu tuah a(m)buing.
      A(m)buing salah ngarambut,
       ka pamunuhan (......),
      magahan jalan ka sema,
       ngaliarkeun taleus gateul,
615 dek di urang cacab tapa, 
      ma(ng)mongbongkeun
      mangutaskeun,
      jalan ka na kapapaan.
      A(m)bu, soreang beungeuting,
      ku naha nya mana kitu?
620 Mo nili(k) na huis putih,
      mo nyasar na awak tuha.
      Salah pangajar ka boncah.
       Ha(n)teu panggerahan aing,
       teuteuing oge teuteuing!
625 Na urang anak pahatu,
       na ura(ng) ha(n)teu dibapa,
      aya dii(n)dung kasarung,
       manghulukeun ku boboncaheun. 
       A(m)buing katarujangan,
630 teka geuyung ha(n)teu nyeupah,
      weureu ha(n)teu nginum tuak,
       [ms. ngenum]
       teka sasar ha(n)teu gering.
       A(m)bu, ja mo kita edan,
       manana ca(n)teng bahuleng.
 635. Ho/rengnini[ng]ingteupantang,/12r/


(hanca)

Kirim email ke