saenyana anu dipostingkeun ku kang dh teh, kungsi diposting oge ti
heula ku gan kumincir, kang roslee (urang johore malaya teureuh
bogor), jeung kuring. kuring kungsi maluruh ka eta tempat. eta tempat
ayana di perpustakaan ATMA (Alam Tamadun Malayu) UKM (Universiti
Kebangsaan Malaysia). Perpustakaan khusus nu ngadokumentasikeun
khazanah kabudayaan malayu. ceuk beja, memang tatangga urang boga
garapan khusus pikeun ngadigitalkeun sarupaning naskah-naskah heubeul
alam budaya malayu. kungsi dina hiji acara tv malaya dibahas perkara
ieu. aya sababaraha tokoh nu ketakna jiga ua sas, manehna kalawan
geten ngeureuyeuh transkripsi naskah-naskah nu geus bulukan
didigitalkeun. (mh)

--- In [email protected], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Eta anu dicatet ti taun 1960 dugi ka taun 1974 ( taun 1960 mung aya
1, taun 1974 mung aya 2), janten periodena dina eta catetan mung ti
taun 1960-1974.
> Sedengkeun sastra Sunda tos aya ti 1860an nu munggaran Wawacan Panji
Wulung kenging H.Muhamad Musa.
> Nu aya dina eta catetan seuseueurna roman pop ( dugi ka ayeuna
katingalna teu acan aya nu nalungtik kumaha pangaruhna kana kamekaran
basa Sunda padahal waktos taun 1970an kacida kawentarna dongeng enteng
pasosore dina radio, nu seuseueurna nyandak tina roman pop sapertos
kitu),mung eta catetan teu sadayana anu janten sabiwir hiji mangsa
harita sapertos Neng Elah teu kasebat, kitu deui Sirod Jelema Gaib.
> Pangarang moyan sanesna teu kasebat sapertos Moh Ambri, Olla S
Sumarnaputra, SA Hikmat, Candrahayat, Aam Amilia, Abdulah Mustafa,
Usep Romli HM, Iskandar wasid, GS, Yuhana, RAFsjte, komo pangarang
entragan ayeuna mah teu aya deui bae.
> Eta mah katingalna mung catetan pangarang Sunda nu aya di inyana,
mung anu salut eta buku tos teu aya dipasaran, mun mendak ge sok tara
lengkep bari parantos butut, sedengkeun inyana aya di Malaysia.
> Paingan atuh paingan mun hoyong diajar Sunda, ayeuna kiblatna teu
kedah ka Walanda tapi cekap ka Malaysia, eta teh sok aya dina
paguneman para pangarang Sunda.
> 
> Nuhun kang Dudi, tos masihan alamat web-na, janten referensi kanggo
abdi.
> Insya Alloh engke kaping 21 Pebruari 2007 bade ngayakeun pameran
buku Sunda, dina acara mieling poe basa indung, tempatna di Aula Unpad
Dipati Ukur, mangga didongdon da terbuka kanggo umum.
> 
> MSasmita
>   ----- Original Message ----- 
>   From: Dudi Herlianto 
>   To: Kusnet 
>   Sent: Wednesday, January 31, 2007 3:07 PM
>   Subject: [Urang Sunda] daptar koleksi sastera sunda
> 
> 
>   teu kahaja, manggihan daptar ieu ti
http://pkukmweb.ukm.my/~patma/HOMEPAGEBARU/SENARAI%20KOLEKSI%20SASTERA%20SUNDA.doc..
geuning dina daptar eta mah sastra sunda teh ngan ukur 275 judul... 
> 
>   dh
>   -- 
>   ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
>   :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
>


Kirim email ke