Wa'alaikumsalam, 
Mani lengkep eung wawanohanana..
Nepangkeun oge, wasta pun Puspita Widyamulya, kawit ti mana nya?
*bingung* ari karuhun mah, aki ti punbiang cnah mah karuhunna ti Regol
Sumedang, nini ti pun biang ti Ciawi Tasik, aki ti punbapa ti
Sindanglaut Cirebon, nini ti punbapa ti Ciawi Tasik oge (da nini jeung
nini teh kapi adi kapi lanceuk). Mung nini ti punbapa ngalalana ka
Garut ti taun 1960-an, nya jadina lahir di Garut jeung hirup di Garut
nepi ka taun 1989. Ti taun 1990 ngalalana deui jeung matuh di
Jatinangor tug dugi ka kiwari. 

Kuring nembe gaduh salaki hiji, pon kitu deui budak oge nembe hiji,
lalaki, ngaranna si Bagja, biasa disebut Ujang Gembru sabab kawas si
Rusdi. Ari ngke adina si Bagja, mamanawian awewe, ngan duka teuing
iraha gubrag ka dunya-na, da masih dina implengan keneh.. 

Atuh Cibiru mah caket?? kantun sakali naek angkot
Majalaya-Sayang-Gedebage.. Ameng atuh ka dieu! hihih

~ipup~

--- In [email protected], Lygia Nostalina <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Assalamualaikum Wr Wb...
> 
> nepangkeun, nami abdi Lygia Nostalina, kawit ti
> Cibiru,Bandung...hehehehe...mung lahir dugi ka lulus
> kuliah di jakarta.Abdi lulus ti Fakultas Hukum UI taun
> 2002 (angkatan 96),29 tahun
> 
> Ayeuna abdi kerja di perusahaan IT gaduh babaturan,
> sami di cibiru oge.Software house kitulah....bilih aya
> nu bade ngadamel program?huehehehe..naha ka dinya los
> na nya?
> 
> 
> abdi tos gaduh bati 2, sapasang......nu ageung
> pameget,yuswana nembe 5 tahun, kelas TK B, namina
> Muhammad Hafidz Rakana,neuneuhna Afis
> Nu alit, istri, yuswa 4 taun, namina Shaffiya Shirayna
> Adzanie alias rayna..janten kumplit tah, rakana sareng
> rayna, hihihi....

> 
> be Possitive,
> 
> 
> GIA


Kirim email ke