Heuheu, duka teuing atuh Bah, sarengsena JATOS (Jatinangor Town
Square), pan di luhur teh (kos2an) nuju teu araya sasaha, da libur
panjang tea budak kost-na. Di luhur teh jadi gandeng mun tiap wengi
teh, ari silidik punya silidik (maksa), cnah jurig2 nu ti Jatos teh
dipindahkeun ka imah uing.. Paingan gandeng si kehed teh.. Eta ge
terang soteh aya dulur nu sumping ka dieu, rada tiasaan ka nu
kararitu.. Teras dido'aan jeung dicai uyahan tiap juru ka tiap lante.
Geus kitu mah peuting teh mani ngareunah, sepi teu gararandeng deui..

Tapi naha enya jurig sieuneun ku ciuyah?? (teuing asineun meureun
nya??) heuheuheu

Tanah nu dianggo Jatos teh, tanah Pa Kadarsah (nu ngarang buku2 Sunda
jeung buku2 pelajaran basa Sunda taun 60-80an). Cenah di dinya teh
loba jurigan, jeung raja jurigna teh ayana di tangkal muncang (ayeuna
g tangkal muncangna teu dituar, da sieuneun nu nuarna)

Urusan jurig di STPDN, gegedug jurigna nyaeta Nyi Lilis biasana mah
sok nganggo acuk beureum, ari caritana kapungkur kulawarga neng Lilis
teh dipaehan di nu ayeuna diadegkeun STPDN. Ari giliran neng Lilis
saacan dipaehan teh diperkosa heula.. Nya jadina marakayangan.

Basa bulan-bulan kamari, kungsi ngobrol jeung budak STPDN urang
Cirebon. Cenah mah di STPDN kuat pisan aura mistisna, kusabab tiap
jelema ti Sabang-Merauke marawa isim masing2.. Jeung mun geus teu
diperelukeun, dipiceun weh sambarangan. Kungsi nu rek nyieun tayangan
Ukauka ge teu kuateun da jurigna rea teuing, ti Sabang sampai
Merauke.. Mani asa lagu wajib Dari Sabang sampai Merauke..

Ceuk cenah eta oge... hueheuhe

~ipup~

--- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Uluh ....aya "Neng kukun" di Jatinangor? ...hiyyy sieun, sakitu ayeuna 
> mah kacida ramena. Tah lamun baheula mah, basa Jatinangor leuweung 
> karet keneh, enya sok loba kacaritakeun, pangpangna mah ti supir, nu 
> ngaliwat ka lebah dinya ti peuting. 
> 
> Salah sahiji dongengna ti tatangga, nu nyupiran ngaliwat ka palebah 
> dinya tengah peuting. Jalan geus simpe pisan. Aa Ian, ngaran tatangga 
> teh, keur anteng we nyupiran, ari pas dihareupeun SPDN ayeuna, kaget 
> aya nu rungkung-ringkang ditengah jalan kasorot lampu, mobil 
> dikendoran, beuki deukeut, beuki sidik, aya awewe ditataranjang keur 
> joged-jogedan. Bulupunduk muringkak, Aa Ian ngerem mobil, tepi ka 
> eureunna. Awewe nu ditataranjang teh bet ngiles leungit.
> 
> Ceuk kuring teh : "Nu Gelo meureun A!"
> "Lain, sidik lain, nu gelo mah moal bersih jeung sampulur kitu", 
> cenah, bari kumetap .....
> 
> Baktos,
> WALUYA
>


Kirim email ke