Koperasi Amanah Sunda
   
  Hiji manga di bumina Kang MGT di salemba aya riungan di magrupi pangniatan 
bade ngalajeungkeun hasil wangkongan wargi kusnet dina acara jatukrabina kang 
ikmal sareng neng ani di subang, kacatur dina eta wangkongan teh wargi 
kusnet(khususna nu hadir) mibanda niat, salian ti urang kopdar jeung kagiatan 
social teh urang oge kudu mibanda panghasilan khususna panghasilan Kusnet, nya 
harita sikuring ka pinton keudah janten gugulu kanggo miropea eta paniatan, 
harita dibumi MG aya hasil diantawisna… samemeh KAS nagedeg nya wargi kusnet 
tiasa bisnis / invetasi sacara sewang-sewangan, boh diantawis wargi kusnet 
atawa ka YP teu naon-naon
   
  Antukna haya hiji poe dimana iyeu KAS bener-bener di bahasa nepi ka rek make 
sistim naon KAS iyeu.. hasil dina bahasa eta nya sapertos anu dihandap iyeu :
   
  Dinten/Ping                 : Saptu, 1 April 2006
  Tabuh                          : 11.00 – 15.00 WIB 
  Lokasi                          : Pondok Sengked, Cangkurawok, Kampus IPB 
Dramaga, Bogor
  Anu Hadir                    :
  1.  Runa Inawan                                              [EMAIL PROTECTED]
  2.  Kang Agus Pakusarakan                           [EMAIL PROTECTED]
  3.  Kang Eko RN.                                            [EMAIL PROTECTED]
  4.  Kang Tantan Hermansyah                         [EMAIL PROTECTED]
  5.  Kang Dian Ardiansyah                               [EMAIL PROTECTED]
  6.  Kang Erik Tisna Senjaya                           [EMAIL PROTECTED]
  7.  Kang Rezza Krisdian                                 [EMAIL PROTECTED]
  8.  Hadi Drajat                                                 [EMAIL 
PROTECTED]
  9.  Kang Agung Dwi S.                                    [EMAIL PROTECTED]
  10. Teh Rahmayeni                                        [EMAIL PROTECTED]
   
  Anu digunemcaturkeun :
  1. Perkawis unit bisnisna
  2. Sistem  simpenan
  3. Struktur pangurus
   
  Hasilna :
   
  Unit Bisnis
  Tina hasil gunem catur aya kasepakatan unit bisnis diantawisna nyaeta : 
  RTRWnet
  Software anu dikokojoan ku Kang Eko sareng Kang Dian.
  Ieu unit bisnisna teh kanggo jalan naratas bisnis anu sanesna. 
   
  Sistem Simpenan
  Sistem simpenan nganggo sistem “Benggol” anu sabenggol teh setara sareng Rp. 
25.000 / ¼ emas 24 karat. Kanggo anggota pioneer dipasihan insentif. 
   
  Struktur Pengurus
  Struktur ieu sifatna samentara anu ngajabat dugi ka Koperasi ieu ngadeg 
secara legal formal. 
  Struktrurna :
  Ketua                                       : Kang Agus Pakusarakan
  Sekretaris                                : Runa Inawan
  Bendahara                              : Kang Erik 
  Koordinator RTRWnet            : Kang Tantan sareng Kang Rezza
  Koordinator Software              : Kang Eko sareng Kang Dian
   
  Lanjuning Laku
  Mostingkeun hasil gempungan kasadaya milis anu aya pakitna sareng 
sunda/kasundaan. Ieu dikokolakeun ku saderek Runa Inawan, anu dipasihan waktos 
saminggu ti ngawitan ping 1 April 2006.
  Ngaropea sistem BENGGOL dikokolakeun ku saderek Kang Erik, anu dipasihan 
waktos saminggu ti ngawitan ping 1 April 2006.
  Ngadesain Logo KAS (Koperasi Amanah Sunda) sareng model sertifikat BENGGOL 
anu dipasihan waktos sasasih ti ngawitan ping 1 April 2006.
  Kang Tantan sareng Kang Rezza. salajengna kanggo cakah-cikih atanapi tahap 
sosialisasi/ngaanalisis sadaya anu aya pakait sareng bisnis ieu dipasihan 
waktos saminggu ti ngawitan ping 1 April 2006.
  Pengurus sementara ieu ngajabat dugi ka ngadegna KAS secara legal formal, 
janten kapapancenan pikeun nyosialisasikeun KAS ieu ka sadaya kadang wargi 
urang sunda atanapi saha bae anu ngaraos reueus sareng micinta ka sunda. 
   
   
  Tah sanggeus eta jadi.. sikuring jeng kang runa nyobaan asup kaditu asup 
kadieu supados iyeu koperasi saluyu jeung cita-citana
   
  Harita hasil pedaran diluhur ku kang runa di cemplungkeun ka babakan/milis
  Atuh nya pohora nu ngawalerteh seueurna.. aya nu siap uing milian .. ceuk nu 
sanes sok kuring pangheulan daftar samemeh nu sejen.. jeung rearea deui
   
  Tah kadieunakeun sikuring ngarasa beakeun akal bujeng anu ukur nyebat arek 
miluan di milis da’ anu hadir jeung nu kaasup pangurus oge leubeung taya 
bejana… mung masih bias koordinasi sareng karuna tapi teu lami da’ anjeuna 
sibuk jeung masalah bencana alam sareng kang oman oge teh ika.. nya KAS bolay 
deui.. 
   
  Teuing kumaha duka kumaha tinu lobana respon jeung dukungan taya hiji oge anu 
ngabentuk tug hiji mangsa sikuring nyemplungkeun perkara “warung kopi kusnet” 
eta oge pohara resepon.. nya kitu deui keneh resepon jeung dukungan mung saukur 
ciga bulan di luhur langit teu katepi teu murag-murag acan.. 
   
  Nya kitu deui.. hiji poe kuring nyemplung perkara warnet kusnet.. aya nu 
resepon.. aya nu hanteu.. sakitu nu di cemplungkeun the sanes ka milis iyeu mah 
di japri ka tokoh2 kusnet, tapi duka kumaha teuing kunaon dumeh sikuring budak 
leutik urang kampong teu nyahoeun usaha meureun atuh urang kusnet nu ku kuring 
disangka bakal alus respon teh ukur impain wungkul
   
  Tah nepi ka akhirna ncan lila iyeu aya sababara poe kang MGT nyarios sok nu 
boga konsep bisnis cemplungkeun.. nya ku sikuring cemplung keuin deui Warnet 
Kusnet, alhamdulilah aya resepon hiji… ti kang dudi mulyadi, punten kang dudi 
ncan diwaler pertarosan nana….
   
  Tah kitu kang MGT perjalan KAS teh.. teuing naon hese geuning ngajak 
dulur-dulur maju dina usaha teh.. tapi kuring teu penggat pangharepan.. kurang 
nepi kaayeuna masih neoangan jalma bae teu urang kusnet oge bae lain urang 
sunda oge, asal maneh daek jadi investor keur 
  “warkop kusnet “ “atawa warnet kusnet” da’ geuning ngareupekun wargi2 
sadayana mah.. emm sanes suujon nya kitu pan ukur nepi kana sabates letah jeung 
niat wungkul prung nah.. cinga kumeoh memeh dipacok sieun rugi samemeh 
dilakonan…
   
  Teuing ketang mun ka Bakus nyemplungkeun nana bari make borah mah cigana aya 
wargi nu rek invest nya’’ keun lah urang nengan heula borahna.. tapi naon nya 
kang MGT borah na ari lain ti beuheung kuring mah…
   
  Ah kitu we kang, teteh, ceul, abah, mang, ua oge nu sanesna.. sabalang bentor 
dina mancet kudu jadi gugulu KAS teh…
   
   
  Sakitu laporan ti kuring
   
  Hampiura bisi aya nu kasigeung manah.. da’ kumaha atuh kitu kaayaan Bakus 
salami iyeu.. mun pipaseaneun mah mani sarigeup mun pi masalhateun mah 
arembung.. 
   
  Baktos
  Agus Pakusarakan
  08128377662
    
   Kp. Cilegong No 264 desa sukajaya kec. Sukaresmi – Garut  
   Jl. Terusan kuningan HR Rasuna Said no 21 Jaksel

 
---------------------------------
Don't be flakey. Get Yahoo! Mail for Mobile and 
always stay connected to friends.

Kirim email ke