Punten kang Agus,
Naha diajaran syi'ah aya acara "nyiksa awak" keur pangeling-eling wafatna
husein incuna rosul sampe ka kaluar getih.....?

JB 
 
-------Original Message-------
 
From: [email protected]
Date: 02/02/07 09:44:12
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] riwayat Husein->kang Dudi
 
----- Original Message ----- 
From: Dudi Herlianto 
To: [email protected] 
Sent: Monday, January 29, 2007 7:40 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] riwayat Husein


jadi hayang apal.. ulama "suni" (kade make curek geuning hehe) saha wae nu
usaha neangan pangbener keur kalakuan muawiyah jeung yazid..

enyaan ieu mah seurieus teu apal... jeung kuring mah teuing islam nanahaon
yeuh ;)) 

dh
.
//-------------------------
Sampurasun...
 
Hapunten anu kasuhun Kang Dudi H nembe tiasa diwaler deui, margi simkuring
nuju paciweuh damel laporan kamari teh janten nembe tiasa ditoongan deui
MILISTna.
 
Simkuring nyerat Ulama "suni" make tanda kutip maksudna teu sadaya Ulama
Suni sepakat dina nganilai ka kelompok Syi'ah boh dina patokan Aqidahna
atanapi dina Fiqihna.
 
Perkawis saha wae nu usaha neangan pangbener keur kalakuan mua'wiyah jeung
yazid, simkuring parantos ngintunkeun ka ieu milis ngeunaan Ibnu Taimiyah
anu judulna : Re: [Urang Sunda] SYI'AH - keur teh Ely + nu lian oge.
 
Imam Ibnu Taimiyah diangkeun salaku Ulama Mujaddid (pembaharuan Islam)
guruna Muhammad bin Abdul Wahab (kakenal faham Wahabi). Malihan dina
Fatwa-fatwa Karajaan Arab Saudi sok rajeun nyandak fatwa-fatwana teh ti Imam
Ibnu Taimiyah/Syech Muhammab bin Abdul Wahab. Atuh para ulama di Indonesia
oge sabagean sok nyutat fatwa-fatwa Imam Ibnu Taimiyah dina ngahartikeun
Al-Qur'an+Hadist pikeun mutuskeun dina sagala pasualan.
 
Kahartos oge upami Ulama-ulama anu di Karajaan Saudi ayeuna dijantenkeun
rujukan ku sabagean Ulama2 di urang dina nafsirkeun Qur'an+Hadistna margi :
1. Di KAS (Karajaan Arab Saudi) awalna ajaran Islam
2. Di KAS tempatna Ka'bah (Baitulloh) Kiblatna kaum Muslimin.
Kuhal sakitu seueur anu ngagali sajarah Syi'ahna mung tina versi Imam Ibnu
Taimiyah...dst
 
sakitu heula...mangga
baktos
Agus Wirabudiman.
 
 
 

Attachment: IMSTP.gif
Description: GIF image

Kirim email ke