Matak paling ngeunah jadi lalaki, utamana lamun urang ummat Islam.

Sagala nu raos mung hakna kaum lalaki.

Kaum awewe mah sigana diciptakeun ku Allah teh mung saukur keur ngawulaan jeung 
ngamumule napsu kaum lalaki. Bari jeung sagala rupi anceman jeung hukuman geus 
disayagikeun keur sakumna kaum awewe anu teu rek daek nurut kana sagala rupi 
kahayang kaum lalaki.

Pek we bayangkeun, mung saukur dangdan ngogo awak sorangan ge, ngan halal lamun 
kanggo karesep sakadang salaki!

Samentawis ari kaum nonoman mah tos disayagikeun sagala rupi nu raos-raos. 
Upami hiji kirang, ngawayuh dugi saopat-opat ge mangga. (Asal adil weh, cenah! 
He he he.....)

Upami tos bosen ka salah sahiji, dipirak we. Teras milari gentosna.

Emh, aya ku raos temen jadi ummat Mantenna teh, nya. Ummat lalaki, maksadna! 
Awewe mah ceuk urang Wetan mah mung saukur 'kanca wingking'. Swarga nunut, 
nraka katut. (Ka sawarga saukur numpang, ngiringan salaki. Sabalikna ka naraka 
kabebetot, mun sakadang salaki kaditu, kudu daek milu! Eueleuh....?!?)

Mung ari diemut-emut mah, asa ku papalingpang sareng sipat-sipatNa anu Maha 
Asih jeung Maha Adil. Piraku ari ka ummatNa anu awewe meuni sakitu galakna, ari 
ka kaum lalakina meuni sakitu ngogona? 

Lamun enya Anjeunna Maha Adil, di sakitu lobana aturan jeung azab nu 
disayagikeun keur sakumna kaum awewe, sabalikna oge tangtu aya aturan jeung 
azab anu disayagikeun keur kaum lalaki, anu moal eleh lobana jeung nu keur kaum 
awewe. Eta konsep adil anu dipercaya ku urang sarerea, lain?

Jadi lamun urang maca sakitu lobana anceman jeung azab nu disayagikeun keur 
kaum awewe, sigana mah eta ulahna kaum lalaki anu make dalil-dalil agama keur 
ngamumule napsuna sorangan. 

Asa piraku Gusti Allah bade ngabeda-beda makhluk ciptaan Mantenna ku Anjeun 
mah!?

Wallahualam.

Baktos,

IHS
--------------------------------------------------------------------------------

  ----- Original Message ----- 
  From: sandy latief 
  To: urang sunda 
  Sent: Sunday, February 04, 2007 6:31 AM
  Subject: [Urang Sunda] Fwd: Azab Bagi Wanita (tlg ingatkan kpd semua kaum 
perempuan yg kamu kenal)


  Note: forwarded message attached.

  __________________________________________________________
  Now that's room service! Choose from over 150,000 hotels
  in 45,000 destinations on Yahoo! Travel to find your fit.
  http://farechase.yahoo.com/promo-generic-14795097

   

Kirim email ke