Kang Iwan,
Menurutkeun sayah mah kieu nya. Urang sunda teh terlalu kacida teuing dalam
hal ngagugulung kemaluan ( eh asa anu salah bahasa teh).
Maksud sayah teh beginih yah, urang sunda teh sok terlalu banyak kacida
teuing rea kaera. Umpamanya ada yang mau maju ka hareup, eh.. maksud sayah teh
kieu nya. Umpamanyah sayah teh punya ide , terus ku sayah teh eta ide hayang
diomongkeun. Tah dina pikiran sayah teh sok rea banyak pertimbangan . Naha
ieu teh diomongkeun atawa tidak kudu. Tah kusabab lila teuing mikirnyah, jadi
weh kaburu disontrog batur apa yang mau kita kalerkeun teh eh maksud teh apa
yang mau kita utarakan teh. Tungtungnya urang teh ketinggalan lagih ,
ketinggalan lagih. Padahal mah urang sunda teh rea anu palinter euy sabenerna
mah.
Tapi kusabab hese ngomong , jadi naon anu jadi kaunggulanna teh tidak
muncuhul, da tidak ditepikeun ku sorangan. Rereana mah sok menta ditepikeun
atawa ngajual idena teh ku batur anu salonagar.
Tah ayeuna mah kapanggih pibasaeun jalma nu rea ngagugulung kemaluan teh.
Jalma anu henteu sonagar !!. Enya kitu eta teh ngaranna henteu sonagar jalmana
anu rea ngagugulung kemaluan teh ( keukeuh asa aya anu salah dina bahasanya .
Cik pangbenerkeun dimana tah salahna).
Jadi lamun hayang jadi jalma anu dipikaajrih, lain ngan saukur cukup ku
pinterna wungkul, tapi bari jeung kudu bisa "ngajual" kapinterannana nepi
ka batur teh ngaku yen urang teh pinter.Lain hartina sombong ieu mah. Sabenerna
urang teh kudu bisa ngabedakeun antara nu sombong jeung nu perceka atawa
sonagar jeung boga tujuan hirup.
Terus sanggeus bisa nepikeun kapinteranana, kudu dituturkeun ku tindakan anu
teuneung ,ludeung jeung bener bener miboga cita cita anu keyeng pikeun
nanjeurkeun naon anu dipikanyaho tea keur kapentingan balarea. Handap asor
teu nanaon, tapi ulah moyongkod upama disentak batur. Tapi lain hartina rek
ngajak pasea ieu mah. Wanina teh kulantaran miboga prinsip tea meureun ( asa
inget ka si Mandra dina si Doel anak Betawi ari aya pransap prinsip teh).
Kawasna contona teh aya di Bang Ali , anu mantan gupernur DKI tea.
Pek we geura tengetan.
Tah kitu salah sahiji pamadegan sim kuring mah, keur urang sunda teh kuduna ,
lamun anak incu urang hayang bisa mucunghul ka luhur, pek didik sina salonagar.
Ulah rea cicaram salila teu ngabahayakeun mah. Penting pikeun "mengaktulisasi"
diri teh keur jaman ka hareup mah (Naha bet anak incu anu diteumbleuhkeun teh,
lain ku sorangan wae.)
Nu matak kanyahoanna geus telat teuing. Umur geus condong ka sore. Jadi
pangharepan teh ngan kari keur anak incu atawa buyut wae.
Sok ah , der kadinyah geura padungdung.
Hatur nuhun
Salam baktos ti pribados, Adios amigos, pribados tos cekap cacarios bilih
waos beuki tonggos.
"Iwan H. Suriadikusumah" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Para Wargi sadaya,
anu pang pikahariwangeunana nyaeta Urang Sunda teh ngarasa era ngaku dirina
Urang Sunda. Boro-boro rek make budaya sorangan.
Pangalaman diri anu kabeneran rada jarambah nyanyabaan, mun manggih urang
wetan, rek di Solo, rek di Tokyo atawa di Zurich, teu era-era ngomong ku bahasa
manehna. Heureuy guyon teh pok we ku bahasa indung maranehanana.
Sabalikna mung pareng balik ka Bandung, ngajak ngomong nu ngaladangan di toko
naon wae, di mana wae rek di pasar Kosambi rek di Factory Outlet di Riau atawa
Dago, eta mah rek nepi keun ka weureu ngajak ngomong ku bahasa indung
maranehanana (enya eta bahasa Sunda tea, bahasa urang!), hiiih....., da hantem
we ngajawab ku malayu deui, malayu deui. Hese rek disebut Bahasa Indonesia ge,
da lentongna keukeuh kandel bangsa kieu: "Iyah, yang itu mah harganyah memang
segituh. Oh..., Bapa teh mau fraid poteto'? Tadi minta hot cili juga, yah?"
Nepi keun ka dijentrekeun :"Yeuh, Geulis, urang teh urang Sunda, sanes? Ti
tatadi teh sanes diajak basa Sunda, sanes? Naha ngawaler teh ku Bahasa
Indonesia deui, Bahasa Indonesia deui? Lebar keh upami lali ka bahasa
sorangan?!"
Tapi da keukeuh kumaha karep. Hantem mamaksa ngajak bahasa nu Indonesia lain,
Sunda komo!
Di Bandung eta teh.
Komo mun geus di Jakarta. (Coba geura ka Warung Ampera di Jl. Kusumah
Atmaja, ajak barudak nu ngaladangan ngomong bahasa Sunda. Masing enya ge
lentongna moal salah deui urang lembur Parahyangan, moal boa daekeun ngajawab
ku bahasa Sunda!)
Alesanana mah teu pira. Paur salah, pajar teh!
Euleuh, paur salah teh ongkosna meuni mahal-mahal teuing atuh. Bahasa lamun
tara dipake, lain beuki puguh bakal saralah makena,lin? Jadi nya taya lain
carana, nyaeta ku ngabiasakeun dipake. Tur bari jeung kudu agul makena teh, da
henteu sakabeh suku bangsa Indonesia boga dialek anu enya-enya bahasa beneran.
Lain saukur dialek anu hartina lentong!
Cag, ah!
Nyanggakeun,
Iwan
---------------------------------
----- Original Message -----
From: Waluya
To: [email protected]
Sent: Monday, February 05, 2007 8:48 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] tulisan Encep Dulwahab
> From: mj
> "Ngarunjat" Eksistensi Sunda
> Oleh Encep Dulwahab
> ====dikeureut=========
> Hiroshima dan Nagasaki hancur lebur, tetapi bisa bangkit berkat penguatan
budaya lokal dengan mengadopsi ilmu dan
> pelajaran dari luar . Jepang dan India kiranya dua negara yang kuat dalam
> memegang tradisi. Kita tahu Jepang merupakan > satu-satunya negara Asia
> yang bisa bersaing dengan negara-negara adidaya. Dalam bidang apa pun,
> mereka tetap menjadi > pesaing permanen, bahkan sangat ditakuti Amerika
> dalam hal teknologi.
> Tidak jauh berbeda juga dengan India. Meskipun secara ekonomi dan
> teknologi tidak sepesat Jepang, India memiliki
> sesuatu yang patut dibanggakan dan tidak sedikit di antara beberapa negara
> lain mengimpor produknya, apalagi kalau
> bukan produksi film-filmnya.
> Kedua negara ini layak kita tiru dalam penguatan budaya lokal.
> ====dikeureut====
Ke ...ke ....heula, diurang mah rada hese oge dina ngalanggengkeun budaya
lokal teh, kahijina mah serbuan kabudayaan kulon nu kacida agresifna
ditambahan deui pan diurang mah, sok aya larangan kana budaya sorangan oge.
Dina Kompas edisi Jabar minggu kamari, diwartoskeun aya pro jeung kontra
soal tradisi "kuda kosong" di Cianjur. Aya oge Perda di sababaraha kbupaten
di Jabar nu akibatna bisa ngaleungitkeun cara make wanoja Sunda, nyaeta
Kabaya jeung gelung (sanggul) ...... pan teu meunang cenah nembongkeun
gelung (sanggul) teh. Gelung pan tina buuk, lain tina lawon ......
Jadi, kuring satuju jeung kalimah kang Encep Dulwahab dihandap ieu :
"Kalau dicermati, orang Sunda itu lemah dalam hal penguatan diri. Sementara
di sisi lain kuat dalam akulturasi. Ketika melihat budaya lain hebat,
langsung diadopsi dan melekat tanpa memperkuat budaya yang pernah
didapatkannya, seperti bahasa, pakaian, dan model."
Urang Sunda teh memang gampang pisan tura-tiru, nurutan batur ....
Baktos,
WALUYA
---------------------------------
Need a quick answer? Get one in minutes from people who know. Ask your question
on Yahoo! Answers.