Sampurasun Ki Sunda.....
Nyuhungkeun widi ka anu ngageugeuh ieu tempat.......
Baraya kisunda, sim kuring peryogi informasi ngeunaan Grandfather Clock,
ceuk basa deungeun mah, atuh lamun disundakeun mah pantesna meureun "Jam
Nangtung". Eta geuning jam anu ngadeg dina wangunan anu gede jeung tohaga,
terus lamun disada jadi asa geueuman. Elegan lah ..... ceuk gampangna mah.
Omat lain jam dinding....Jam nangtung ieu mah.....
Kieu tah :
1. GF rakitan, kumargi lamun build up mah awis pisan (ratusan juta). Meuning
meuli mobil tibatan GF.
Dimana meuli jamna, terus dimana ngarakitna?
2. Jam-na merek naon, buatan mana? Garansina kumaha? Sabaraha poe nyetelna?
3. Kotakna, tina kayu naon? terus modelna kumaha?
4. Workshopna dimana? No. tlp. na?
5. Nya lamun kisunda gaduh artikel, situs, naon we lah nu aya patalina, ku
sim kuring diantosan...
Hatur nuhun pisan,
Cag ah.....
-dicky m-
_________________________________________________________________
Express yourself instantly with MSN Messenger! Download today it's FREE!
http://messenger.msn.click-url.com/go/onm00200471ave/direct/01/