bihari basana nyiram.
      Horeng dihakankeun jantung,
      horeng sawan jalalang,
      horeng dihakankeun beu(n)teur,
640 dihakankeun lauk mijah.
      Horeng manana sakitu.
       A(m)buing karah sumanger.
      paw(e)kas pajeueung beungeut,
      a(m)bu kita deung awaking.
645 Sapoe ayeuna ini,
      pajeueung beungeut deung aing.
      Mo nyorang pacarek deui,
      moma ti na pangi(m)pian,
      pajeueung beungeut di bulan,
650 patempuh awak di [awak di] angin.
     ' Saa(ng)geus nyaur sakitu,
      dicokot ka(m)pek karancang,
      dieusian apus ageung,
      dihurun deung Siksaguru.
655 Iteuk aing pancasirah,
     sapecut hoe walatung.
      'A(m)buing, tatanghi ti(ng)gal,
     tarik-tarik dibuhaya,
      dek leu(m)pang ka Balungbungan,
660 wetaneun Talaga Wurung,
      di na tungtung lemah ini, 
      di tungtungna tebeh wetan, 
     nyiar / lemah pamasaran, / 12v /
     nyiar tasik panghanyutan,
665 pigeusaneun aing paeh,
       pigeusaneun nu(n)da raga.'
      I(n)dit birit su(n)dah diri,
      lugay sila su(n)dah leu(m)pang.
      Sadiri ti geusan calik,
670 saturun ti tungtung swung,
      galasar di panahtaran.
      Sadiri ti salu panti,
      samu(ng)kur ti walang sangha, 
     Mukakeun panto kowari.
675 Sadiri ti Pakancilan,
      na U(m)bul Medang katukang,
     Go(ng)gong na Umbul So(ng)gol
      Samu(ng)kur ti Leuwi Nutug,
      sadiri ti Mulah Malik,
680 eta jalan ka Pasagi,
      na jalan ka Bala I(n)dra, 
      diri aing ti paniis.
     Samu(ng)kur aing di Tubuy,
      meu(n)tasing di Cihaliwung,
685 na(n)jak ka sanghiang Darah,
      nepi ka Caringin Be(n)tik.
      Sana(n)jak ka Bala Gajah,
      ku ngaing geus kaleu(m)pangan,
       na(n)jak aing ka Mayanggu,
690 ngalalar ka / Ka (n)dang Serang,
      /13r/
       na jalan ka Ratu Jaya.
       ku ngaing geus kaleu(m)pangan,
        datang ka Kadu Kanaka,
       meu(n)tas aing di Cileungsi,
695 nyangkidul ka gunung Gajah.
      Sacu(n)duk ka bukit Caru,
      sakakala tuhan Cupak,
      nyangwetan ka-Citeurep-keun,
       datang aing ka Tandangan,
670 meu(n)tas aing di Cihoe,
      meu(n)tas aing di Ciwinten,
     nepi aing ka Cigeuntis,
     Sana(n)jak aing ka Goha,
      sacu(n)duk aing ka Timbun,
675 sacu(n)duk ka bukit Timbun,
      Datang aing ka Mandata,
      meu(n)tas aing di Citarum,
      ngalalar ka Ramanea,
      Sanepi ka bukit se(m)pil,
680 ka to(ng)gongna bukit Bongkok,
      sacu(n)duk ka bukit Cungcung,
      na jajahan Saung Agung,
      ku ngaing geus kaleu(m)pangan,
      leu(m)pang aing nyangwetankeun,
685 meu(n)tasing di Cilamaya,
      meu(n)tas di Cipunagara,
       lurah / Medang Kahiangan, 
       /13v/
      ngalalar ka To(m)po Omas,
      meu(n)tas aing di Cimanuk,
      ngalalar ka Pada Beunghar,
      meu(n)tas di Cijeruk-manis,.
       Ngalalar aing ka Conam,
      ceremay a(ng)geus katukang,
       ti(m)bang deungeun Hujung
      Barang,
725 Kuningan Darma Pakuan,
      pahi a(ng)geus kaleu(m)pangan.
      Sacu(n)duk ka Luhur Agung, 
      meu(n)tasing di Cisinggarung.
      Sadatang ka tungtung Su(n)da,
730 nepi ka Arega Jati,
      sacu(n)duk ka Jalatunda,
      sakakala Silih Wangi.
      Samu(ng)kur aing ti inya,
      meu(n)tasing di Cipamali,
735 ka kidul na gunung Agung,
      ka kenca lurah Barebes.
      Ngalalar ka Medang Agung,
      meu(n)tasing di Cibula(ng?)rang,
       ngalalar ka gunung Larang,
740 dusuneun lurah Gebuhan,
       ngalalar aing ka Sangka,
       ka Sud ka Agi-Agi,
       ka Moga Dana K(e)reta.
       Samu(ng)kur aing ti inya,
745 meu(n)tas aing di Cicomal,
      meu(n)tas di Cipakujati,
      ngalalar / ing ka Sagara, /14r/ 
      nepi aing ka Balingbing, 
      jajahan Arega Sela, 
750 na Kupang deungeun na Batang. 
      Ka kenca na Pakalongan. 
     Sacu(n)duk aing ka Gerus, 
     na Tinep deung na Tumerep, 
     ku ngaing geus kaleu(m)pangan,
755 datang ka lurah Tabuhan, 
      cu(n)duk ka Darma Tumulus, 
      ngalalar ka Kali Go(n)dang, 
      Sacu(n)duk ka Mano Hayu, 
      ngalalar ka Pajinaran, 
760 nepi aing ka Panjalin. 
     Sacu(n)duk aing ka Se(m)bung, 
     ngalalar ka Paka(n)dangan. 
      Sadatang ka Padanara, 
      nu(n)juk gunung nyangkidulkeun:
765 itu ta na gunung Rahung, 
      ti kulonna gunung Diheng, 
      itu ta gunung Sundara, 
      itu ta na gunung Kedu, 
       ti kidul gunung Damalung, 
770 inya na lurah Pantaran, 
      itu gunung Karungrungan,
     sakakala na batara, 
      basa rnitineung batari.
      Ti wetan bukit Marapi,
775 sakakala Darmadewa.
      tnya lurah / Karangian. /14v/
     Diri aing ti Danara, 
     datang aing ka Pidada. 
      Sadatang aing ka Jemas,
780 ka kenca jajahan Demak, 
      ti wetan na Welahulu. 
      Ngalalaring ka Pulutan, 
      datang ka Medang Kamulan. 
      Sacu(n)duk ka Rabut Jalu,
785 ngalalaring ka Larangan. 
      Sadatang aing ka Jempar,
      meu(n)tasing di Ciwuluyu, 
     cu(n)duk ka lurah Gegelang, 
      ti kidul Medang Kamulan,
790 cu(n)duk ka Bangbarung Gunung.
      Sadatang ka Jero Alas, 
      meu(n)tas di bagawan Cangku, 
      ngalalar aing ka Daha, 
      Samu(ng)kur aing ti inya,
795 sacu(n)duk aing ka Pujut, 
      meu(n)tas di Cironabaya, 
       ngalalar ka Rambut Merem. 
      Sacu(n)duk aing ka Wakul, 
       sadatang ka Pacelengan,
800 ngalalar aing ka Bubat,
       cu(n)duk aing ka Mangu(n)tur, 
      ka buruan Majapahit, 
      ngalalar ka Dar/ma Anyar, /15r/ 
      na Karang Kajramanaan,
805 ti kidulna Karang Jaka.
      Sadatang ka Pali(n)tahan, 
      samu(ng)kur ti Majapahit, 
      na(n)jak ka gunung Pawitra, 
      rabut gunung Gajah Mu(ng)kur.
810 Ti ke(n)ca na alas Gresik, 
      ti kidul gunung Rajuna
      Ku ngaing geus kaleu(m)pangan, 
      ngalalar ka Patukangan,
     datang ka Rabut Wahangan,
815 leu(m)pang aing nyangwetankeun.
     La(m)bung gunung Mahameru, 
     disorang kalereunana. 
      Datang ka gunung B(e)rahma, 
      datang aing ka Kadiran,
820 ka Tandes ka Ranobawa. 

(Hanca)
------------
Aya nu ngagenjlok tina baris ka 685 langsung ka baris 725, dina aslina nu tos 
jadi doc kayaanana kitu, ke urang paluruh dina naskah anu tos dicitak.

MSasmita



Kirim email ke