> From: "surtiwa surtiwa" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Wednesday, February 07, 2007 10:34 AM
Subject: RE: [Urang Sunda] Fwd: [AsameraBigFamily] FW: US activities in Iraq


> "Masalah" tangtara asup ka Masjid teh eta isu ti
> panganut teori konspirasi.yen tangtara teh tukang
> marieuskeun Islam lah......makana loba gambar anu
> direkayasa....padahal aya dina SOP tangtara
> GI..maranehna teh dicadukeun ngadeukeutan masjid komo
> nepi asup ka Masjid mah...

Kitu nyah Bah Surtiwa? Tapi soal tantara asup ka Masjid mah, di urang oge 
kungsi kajantenan. Di taun 1978, waktu kampus ITB ngadak-ngadak jadi 
"panas", kulantaran mahasiswana hayang nurunkeun Soeharto. Tah hiji poe 
pamarentah geus teu sabar deui, kampus diserebu ku tantara. Mahasiswa nu 
dijero kampus "bertahan",  ngagagoler di jalan, ngahalangan mobil supaya teu 
terus maju. Mobilna mah memang eureun ..... ngan tantarana tarurun tina 
mobil, terus nyerebu nu ngagoler, aya nu dipohpor, diidek jeung ditajong ku 
sapatu boot .....nu jabrig atawa awewe diuleng buukna. Nu teu ngagaloler 
jeung nempo ti kajauhan, kaget ningali tantara jiga nu kasetanan kitu, 
sebrut lumpat sakulampet-lampet. Nempo nu lumpat, tantara beuki ambek, 
ngudag nu lumpat.  Sabagian nu lumpat nuju ka masjid salman, buru-buru 
ngalaan saptu, geblus asup ka Masjid.... tapi tantara surti,  ngilu asup ka 
jero masjid lengkep jeung sapatu bootna, nu dijero masjid teh .......lumayan 
keuna cabok jeung ditajong ......

Baktos,
WALUYA




 

Kirim email ke