tuang sareng kungkang ? baheula mah keur jaman SMP atawa SMA, balik sakola teh sok ngadong leumpang ti jalan Raya ka lembur teh. Jaba nanjak, jaba poek. Untung we jalana gaduh PU, jadi diaspal. Sisi kenca katuhu, sapanjang jalan teh sawah wungkul upluk aplak. Sok ka ambeu bau kungkang ngalangkung...pahangna kacida... kacipta mun eta kungkang teh dituang... heu heu...
-dul- --- In [email protected], "Roro Rohmah" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > OOT (Sundana : digilekeun masalahna) heheh...maksa! ti undur-undur ieu mah* > > Emut-teu emut da harita alit keneh, kinten2 yuswa abdi 7 taunan. Pun uyut istri (jenatna) di Wado, sok disebat Uu istri, karesepna teh ngala kungkang (duka kumaha dedegan kungkang, siga kangkung kitu? Heheh*aya nu terang baraya?) dicoelkeun hirup-hirup kana sambel tarasi*yaksss!*.tapi saur anjeunamah pedo cnah* > Ari teu kungkang, sok ngala simeut di serang, teras digoreng. Tah pami ieu mah kantos abdi ge ngaraosan nu tos digoreng, kumaha we goreng hurang*kerekes*kerekes* > > Pami diemut mah sepuh kapungkur teh garawagan, tapi paranjang yuswa nyaa... Diturutan da, kungkangna ge tos teu usum jaman kiwari mah, digentos weh ku rupi2 suplemen, wah*bahan kimia deui tah... > > ro2 > > >>> [EMAIL PROTECTED] 02/07/07 04:14PM >>> > aya tatangga hareupeun imah, sok manggihan keur kurah koreh > dipipir kebon bari totonggengan. Sakapeung nonggeng nyaan.. > hiji waktu disampeurkeun ku uing teh. > > "Lagi nyari undur-undur" pokna basa ditanya teh > "buat apaan pak ?", ceuk uing nanya deui > "Eeeehh...buat obaaat", ceuk manehna bari hayeuh ngorehan > liang undur-undur ku nyere. > "Dimakan hidup-hidup pak ?", ceuk uing teh > "Lho ya iya dong...kalo disayur mah musti sekilo atuh..", bari > nyerengeh. > "emang caranya makannya gimana ?", panasaran oge uing teh. > "ya dimasukin ke pisang, atau kalo berani ya langsung aja telen..", > ceuk manehna bari metakeun. > "Ih...gimana atuh kalo kokorowelan dina tikoro ?", ceuk uing deui. > "Ya gampangnya mah, beli aja kapsul kosong. Trus masukin undur- undur > nya, jadi kayak makan obat ajah..." > "Owh...", uing molohok > "Lumayan, buat obat darah tinggi...", cnah bari neruskeun nonggeng.. > > -dul- > > --- In [email protected], "Jalak Banten" <jalakbanten@> > wrote: > > > > Undur-undur leumpangna mundur > > Ulah sok nyiksa batur > > Mending we nempo ka luhur > > Hirup urang kabeh saha nu ngatur >

