"Imah uing kabanjiran Dul.."
"Kitu ? Karunya teuing, tuluy kumaha ?"
"Ah teu kukumaha, baseuh we.."
"Nya heueuh atuh baseuh mah, lain...kakeueum sakumaha ?"
"sahandapeun bitis.."
"Owh...sakitu mah deet atuh, teu cara batur pan loba nepi ka 2 
 meterna.."
"Deet kumaha ari maneh ? sabitis teh dilantai dua.."
"Euuh kutan ? tuluy sarena kumaha atuh ?"
"Sare mah nya angger we bari peureum..."
"Serba salah nyarita jeung maneh mah Jay.."
"Serba salah kumaha ?"
"Enya, euweuh benerna..."
"Ih, nya puguh we, apan disebutna serba salah, coba geura mun disebut
 serba bener mah, pastina oge omongan uing teh bener kabeh"
"Teuing ah, kumaha maneh.."
"Eh maneh mah.."
"Ah nya kitu tea geuning.."
"Naon tea Dul ?"
"Enya, banjir..."
"Kunaon kitu ?"
"Ieu teh banjir lima taunan, lima taun kamari ge apanan jiga kieu,
 ngan taun ayeuna mah leuwih gede.."
"Enya euy, ambudayeuh kakeueum leuwih ti 70 persen, Jakarta lumpuh.."
"Naon ambudayeuh ? karek ngadenge..."
"Ambudayeuh teh Ibukota, belegug ! uing ge nyaho ti Jang Kumincir.."
"Heu...heu...aya-aya wae.."
"Imah maneh kumaha Dul ?"
"Imah uing mah angger we jiga kitu.."
"Lain, kabanjiran teu ?"
"Henteu kabanjiran mah, da imah uing mah aya dilembur"
"Lain, anu didieu maksud uing teh.."
"Didieu mah da teu boga imah, tong boro keur meuli imah atuh, 
 apan keur dahar ge hararese.."
"Atuh kumaha maneh sare-na ?"
"Ah, sarua we jiga maneh..peureum..."
"Lain, sare-na dimana ?"
"Sare mah dimana we ge jadi atuh. da geus peureum mah moal apal
 ieuh dimana-mana na..."
"Heueuh kana kituna mah"
"Ari kitu ?"
"Teuing ah.."


-dul-

Kirim email ke