tunyu-tanya ka Mang Yahu sareng ka Abah Gugle, cobi tingali lagu
"Serat Salira" dihaleuangkeun ku Idjah Hadidjah albumna Tonggeret.
Lirik aya di deieu: http://lssitb.f2o.org/kamus/?q=node&page=8

Album ieu tos aya versi online-na tiasa didownload ti situs2 nu ngical
lagu. Aya dua versi cover album ieu, kahiji gambar sindenna (Bu Idjah
kitu) sapertos nu aya di AOL Music
http://music.aol.com/artist/idjah-hadidjah/3292/album/tonggeret/98611
. Nu hijina deui gambar ibu-ibu nganggo jilbab nuju numpak sapeda
motor tahun 70-80an (C70 kitu?) sapertos nu aya di kaca ieu:
http://shopping.yahoo.com/p:Explorer:%20West%20Java%20-%20Sundanese%20Jaipong%20%2F%20Various:1921952623:page=expertreviews
 

Upami versi kaset sareng di mana tiasa ngagaleh di toko mah
nyanggakeun ka nu terang.

Mugi2 ngabantos

hatur nuhun
Yudi 



> "[EMAIL PROTECTED]" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>             Hapunten para wargi sadayana,....
>   Sababaraha waktos kapengker, sim  kuring nyetel radio di
perjalanan mulih di pakasaban.
>   Kaleresan eta radio teh muter keun tembang degung sunda.
>   Kantos di rekam, nanging tue jelas, saha anu nembang eta tembang teh.
>   Manawi aya anu uninga...kana iue tembang, punten ah simkuring teh
hoyong kagungan kaset atanapi CD.
>   Naon eta judulna..?
>   Manawi upami aya anu uninga eta judul tembang teh kau sim kuring
bade di pilarian di toko Kaset.
>    
>   Kinten-kinten syairna teh kieu:
>   -----------------
>   Serat salira
>   Wengi tadi tos katampi
>   Kantenan jungjunan, mungguh ewuhna.
>   Disangki serat katresnaan
>   Sabudeureun cinta urang
>   Geuningan lepat dugaan, mundut mundur pipisahan.
>    
>   Serat salira
>   Dina jajaran ka lima
>   Unggelna teu wasa mun kedah midua hate
>   Tue sapuk reujeung aturan
>   Sok sieun tek kabadanan.
>   Cangcaya bakal laksana
>   Nyorang hirup sasarengan.
>    
>   Tue nanaon jungjunan, teu nanaon.
>   Mun kitu kapalay salira.
>    
>   Lelembutan, ngajerit nungkupan diri
>   Teungteingeun jungjunan, ku teungteuingeun.
>   Tega teh kamalinaan.
>    
>   Hatur nuhun,
>   Ti sim kuring-anggota enggal nembe 4 sasih.
>   Yudi 
>    
>   
> 
>          
> 
>  
> ---------------------------------
> Food fight? Enjoy some healthy debate
> in the Yahoo! Answers Food & Drink Q&A.
>


Kirim email ke