Kang..isin atuh kenging IPK 3,99 ti mata kuliah "Tatarucingan" mah, hartosna,
abdi kedul ngapalkeun da sibuk tatarucingan wae...hihihihihi....
dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hebat euy.., Lamun ujian mah nileyna kenging A. IPKna 3.99
No 9 : Oray naon nu teu tiasa ngaleor waleranana oray nu tos ngaleleg linggis
mun teu lepat mah
Lygia Nostalina <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
ih, meuni terang wae abdi keur manyun..janten isin ah, sabtu ngantor teu
aya sahaha...pirajineun ngeusian ieu, leres syukur..teu leres mah..kumaha
abdi we, da abdi ieuh nu ngajawab....
mangga.....narima kritikan...hihihi...
1. Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara ---> toge (komo mun
dijieun toge goren mah..nyam nyam glek!)
2. Hayam naon anu sukuna sarebu?-----------------> hayam nu miluan upacara
bandera...mun teu lepat mah, aya 500 ekor tah,cik urang etang deui bilih lepat!
3. Diubek diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon?------------->
upil.......kotoran hidung...idiiiiiih........jorok nya!
4. Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan? --> ban na bunder (mun ban na
kotak mah sigana lain nundutan tapi benjolan..:D )
5. Sato naon anu teu bisaeun mundur? ---> hayam nu ditukangna aya tembok
(kunaon hayam? nya kumaha urang da satona ge nu urang...)
6. Bangku naon anu bisa didahar?---> " Bang...kupat tahu na hiji, sing lada
nya..!hihihi..meuni maksa
7. Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar,
sakali nyebut!---------> Rujak ! komo mun cengekna 10 mah....seuhah....
8. Batu naon anu teu aya di cai? --> batu raden, ayana di...ke heula, hilap
deui, dimana nya?
9. Oray naon anu teu bisaeun ngaleor?---> oray kasur meureun , heu heuy...naon
tah..teuing ah,poek!
10. Jalma naon anu sukuna tilu panonna opat?----> kang ndoell mun tos aki-aki,
ngangge iteuk jeung kacapanon.(punten yeuuh,kaaang...)
11. Di luar koneng, di jero bodas, nu apaleun monyet.-----> ieu mah abdi teu
terang..sumpah....da abdi sanes monyet :p
12. Hayam naon anu sukuna hiji?----> hayam nu keur goyang kawas Uut
Permatasari "saaya si putri,si putri sinden panggung..syalalala"
13. Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik.-----------> mun teu lepat
mah kareta api...sok,tanyakeun we ka barudak alit
14. Gajah tumpak beca, gede naonna? -----> gede bohongna atuuuh
15. Baso dibalikkeun jadi naon?------------> jadi bahe ! kunaon atuh make
dibalikkeun? gantian ah!
16. Awakna leutik pisan, sirahna gede pisan.-----> lauk teri make helm, helmna
nu kawas dianggo ku pembalap,huehehe
17. Nini-nini bongkok kumaha sarena?---> anak urang ge terang atuh.....sarena
peureum! teuing mun nini2na bangor, ceuk baheula mah mun sarena melek,tandana
bangor!
18. Piring naon anu bisa dipake nempo bulan?---->piring terbang....(UFO mun
ceuk basa ilmiahna mah,,,teuing kawas kumaha..)
19. Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku?----> manuk katincak
ku Kang Boim...pejet tah...hihihihi..
20. Naon sababna ban mobil tina karet?------> sabab mun dijieun tina tarigu
namina sanes ban tapi roti!
21. Sapi naon anu bau?---->sapidah nu ban na keuna kotoran ucing....
22. Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia ?----------> Piring..atan 17
Agustus lah..kumaha sih?!? (Gia garo2 teu ateul)
24. Pribumi di luar ari semah di jero.-----------> jalmi numpak becak....
26. Diusapan, didengkakkeun, tuluy diasupkeun.-------> nyieun bakakak
hayam,diasupkeun kana microwave !
28. Hayamna bodas, naonna anu hideung?bungkeleukanana.....naon sih? tah, urang
mah lieur ngajawab...
29. Buah naon anu dipikaresep ku lalaki?-----------> buah........Da..ops,
teuing ah,naon nya?
30. Jam naon anu bisa nembang?--------->jam.....jaman ayeuna mah nu ngetop teh
Nidji, Samsons,Peterpan,jrrd
31. Monyet naek kana tangkal kai, tinggal naonna?-----------> cangkang cau na
nyesa pabalatak...
32. Pare naon anu teu ngeunah?----------> Parearea omong lah..sanes
kitu?mending damey we nya..Pissss..
33. Jalma meuli kasur keur naon?-------------> keur boga duit, mun keur tongpes
mah cicing we diimah..!
34. Sato naon anu sukuna dina sirah awakna dina sirah?-----------> kutu, cing
pada ngaku lah..saha nu kutuan???
36. Ku naon tukang baso nakolan mangkok?---> sabab mun nakolan sirah pa Haji
engke dibaledog....
39. Petina hiji, mayitna loba.---> mun ceuk barudak mah...korek api..sanes
kitu,baraya?
40. Kaca naon anu nyeri?kaca peupes teras katincak.....hiks......
41. Naon sababna kareta api manjuna ngarayap?------> sabab sanes keur balapan
lari 100M...
42. Kaca naon anu seungit?---------> kaca..piring
43. Kaca naon anu pangbeuratna?---------------> kaca nu dipake ngaca ku
raksasa, didamelna tina kai jati..hahaha
44. Hayam naon anu keur jengke?-----------> hayam nu ngaliwat ka lantey nu
basah keneh nembe di pel..hihihi
46. Aya balon sapuluh, bitu hiji, kempes tilu, kari sabaraha deui?-----> nya 10
keneh, nu hiji bitu, nu kempes 3, nu 6 deui teu acan ditiup..
48. Naon sababna ban sapedah anu tukang sok babari dugul?-------> sabab rea
teuing mikir, kumaha carana mendahului ban depaan....
50. Kaca naon anu sok disada?--------> kaca...pi suling, komo mun didangukeun
tengah peuting..keur jemplang jempling...
51. Cing pangmacakeun: Pa Ha 2 3 4 din------> Pa Hadji Syamsoe Din
52. Sapi naon anu bisa ngarayap dina tembok?---------> sapi
derman........(ayeuna aya nu katilu nya? teu acan nongton euy..)
53. Hayam naon anu isuk-isuk tara kongkorongok?----------> hayam kabeurangan !
wakakakaka..atawa hayam nu wengina osok ka dugem, sami, kabeurangan keneh...
57. Gajah keur ulang taun. Sakumna sasatoan geus daratang, iwal ti
titinggi, naon sababna?----------> bingung rek ngado naon, (da bade masihan
acuk teu aya nu cekap......)
59. Tukang naon lamun digeroan sok lumpat ngajauhan?----------------> tukang
copet, urang terang soteh sanes pangalaman pribados nya!
61. Bajuna hejo, leumpangna nguriling bari udud.---------------------> obat
nyamuk lah......
62. Sukuna hiji, panonna tilu.--------------------> lampu lalulintas........
63. Ka handap muka ka luhur nutup.---------->resluiting calana...hihihi.....
65. Aya manuk 10 ditembak hiji, tinggal sabaraha?--------> nya 10 keneh, da nu
ditembak aya keneh didinya.....
66. Sato naon anu pangleutik-leutikna sadunya?-----------> kutu nu hirupna di
sirah kutu nu aya di bulu ucing..
67. Aya anjing begang, anjing lintuh, anjing jangkung, anjing pendek,
jeung anjing edan rek nyokot tulang. Pangheulana anjing mana?--------> nya
anjing edan atuh..kunaon? edaaaaaan,urang teu nyaho ah!
68. Kapal naon anu teu bisa ngapung?-------------> kapal laut
69. Hideung, leutik, bahaya.---------------> semut mamawa bazoka sareng
granat.........(nyambung teu?)
70. Kumaha ngabedakeun sirah cacing jeung buntut cacing?-----------> tingali
wae, mun aya kutuan, tah eta sirahna!
71. Naha superman bajuna make hurup "S"?------------> sabab mun make nu "XL"
mah logor teuing...!!!!
74. Tangkal naon anu sok dipikasieun?-----------> tangkal caringin nu sakedap
deui tumbang...
75. Lamun Arjuna neangan cinta, ari Bima neangan naon?neangan kuku.....rek
diical ka tukang jajamu....
76. Sirahna dina beuteung, ceulina dina beuteung, beuheungna dina
beuteung-------------> hayam nu tos dituang ku Ambu Bagja..
77. Sapedah naon anu bisa ngapung?-----------> sapedah nu bogana ET...pan ET
uihna nganggo sapedah nya?
78. lauk naon anu bisa hiber?---------------> lauk nu di tuang ku manuk nu
keur hiber
79. Kuda naon anu teu bisa lumpat?--------------> kuda....ki gunung tertinggi,
cape atuh mun lumpat mah..!
81. Minyak naon anu rame?--------------> minyak..sikan pertandingan PERSIB di
Stadion SIliwangi....:p
82. Batman nginum fanta, ari Superman nginum naon?------> sanes nginum avtur
nya? huehehehehe....
83. Hayam naon anu sok diteangan ku jelema?-----------> hayam leungit, teu aya
dikandangna!
84. Naon bedana onta jeung kangkung?---------> Onta mah di Arab, ari kangkung
mah di Urap!
85. Tukang naon anu teu bisa ngitung?--------> tukang teuing, janten teu
katingali angkana (maksaaaa...)
86. Kalong naon anu pinter maen bal?------------> eta..santri kalong nu aya di
mangle...hihihi.....
87. Bisa naek teu bisa turun.---------------------> harga2 sembako tah, sareng
BBM...ckckckck.....
89. Gajah naon anu sukuna dua?-------------> gajah nu keur tepuk tangan
90. Hurup naon anu ngeunah?-------> pastina ge huruf "S", aya S teler, S
campur, S goyobod.....hiiiiii
91. Lamun Superman ngapung tara ngadeukeutan panonpoe, naon sababna?---> sabab
sieun acukna kabakar, da teu aya cadangan deui, nu lain keur diseseuh..
93. Setan naon anu bisa nangtungkeun sepedah?------------> Setan...dar
94. Sato naon anu pangharam-haramna?------------> babi nu diasakannana
nganggo arak putih,nuangna bari judi jeung nginum2an
keras....ckckckck...Astagfirullah...:)
95. Hayam naon anu sukuna 1002?---------> ah, da kabeh suku hayam mah sarebu
kenging 2 da...sok we taroskeun ka Gedebage
96. Rancung lain landak, hejo lain tentara.------------->
duren..duren.....duren jatohan.....nyam..nyam....
97. Make baju lain manusa, make dudukuy lain patani-----> eta..naon teh,
orang2an sawah kitu?
98. Kasur naon anu matak nyeri?--------> kasur..empet motor atawa
mobil......bisa2 dibawa ka imah gering alias Rumah Sakit....(wakakaka,imah
gering......:-j )
99. Palu naon anu bisa pidato?---------> pa lurah
101. Asup tarik kaluar laun.-------------------> Kang Boim nuju
Influenza,,hiiii.......nyandak Tissue teu,kang?
105. Diasupkeun hejo, dikaluarkeun beureum.--------------> nyelup acuk nganggo
wantex..aya keneh kitu ayeuna??
111. Diudag lumpat didagoan cicing.------------> barudak maen ucing lumpat,
huehehehehe......
Lygia Nostalina,SH
Operational Manager
Pacific Data network
Komplek Bumi Panyileukan
Blok D4 no 3 Bandung 40614
telp. 08179265770
kantor. 022-7835099 - 7810017
---------------------------------
The fish are biting.
Get more visitors on your site using Yahoo! Search Marketing.
---------------------------------
The fish are biting.
Get more visitors on your site using Yahoo! Search Marketing.
Lygia Nostalina,SH
Operational Manager
Pacific Data network
Komplek Bumi Panyileukan
Blok D4 no 3 Bandung 40614
telp. 08179265770
kantor. 022-7835099 - 7810017
---------------------------------
The fish are biting.
Get more visitors on your site using Yahoo! Search Marketing.