Ngiring ngawilujengkeun ku medalna majalah Balebat.. mugia sing tiasa mejeng dina dunya per-majalahan. Mung tiasa ngadu'akeun sing tiasa majeng..
Amiin... *cik alungkeun edisi haratisna ... -dul- tukangteuing --- In [email protected], "eko107" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Wilujeng kasadayana rengrengan majalah balebat mugia sing majeng. > Leres kang oman eta iklan abdi anu bajigur, bandrek he he... > > Baktos > ERN > > --- In [email protected], "oman abdurahman" <omanarah@> > wrote: > > > > Para wargi sadaya, > > > > Ti tadi peuting aya Kang Runa nepungan, nya ditarima wae di kantor, > > kabeneran keur lembur. Ngahaja nepungan, saurna, bade maparin > majalah > > Sunda anyar, bari kusiwel ngaluarkeun majalahna tina tasna. Leuh > enya > > wae, sakumaha kl 2 minggu katukang inyana ngiberan yen sakeudeung > deui > > baris medal majalah Sunda yasana warga Kusnet di Jakarta - Bogor, > > majalah "Balebat" aranna. > > > > Majalah Balebat teh yasana dulur urang, Kusnet, anu dumuk di Bogor > > jeung sabudeureunana. Diantawisna, rengrengan anu ngurusna, > sakumaha > > dina kaca kahiji eta majalah nyaeta Kang/Teh: Hendra M. Asatari > > (pupuhu redaksi), Inotji Hayatulloh (panasehat), Hendra M. Astari, > > Yayan Mulyana, Dudi Herlianto, Hadee Darajat (dewan redaksi), Bagus > > Priatna (kontributor seratan). Dina edisi no 1 tahun kahiji ieu > malah > > Kang Kumi (Iskandar Adnan) nyumbangkeun seratan anu > judulna: "Kusnet: > > Ngamekakeun Basa Sunda di Alam Maya". Hiji seratan sae anu > dijungjung > > jadi bentangna artikel Balebat No 1 Tahun I, 2007. > > > > Balebat dipedalkeun ku "Pedepokan Riksa Sunda" anu alamatna di Jl > Raya > > Leuwi Liang KM 14, No. 26-27 Ciampea, Bogor 16620 kalawan tlpn- na: > > 0251-420840, kontak Hp no: 0818-711-396, surelek: > > balebat@ Anu ngarojong salaku supporter pedalan kahiji > > ieu diantarana: "Hanjuang Bandrek dan Bajigur" (sigana nu Kang Eko > > yeuh), Bogor Nirwana Residence, Padepokan Giri Sundapura, RPC 95,3 > FM > > 846 Radio Pertanian Ciawi, Image, RMI, Yayasan Budaya Hanjuang > Bodas, > > sareng Himpunan Mahasiswa Tasikmalaya (Himalaya). > > > > Baraya, > > > > Hanjuang dipedalkeun dina format model Intisari, ngan leuwih ipis. > > Dicitak dina kertas lumayan teu rumeuk teuing, kalawan gedena huruf > > sedeng. Anapon formula eusi Balebat nyaeta ti kaca munggaran nepi > ka > > panungtung (dina kurung: eusi dina edisi I no 1 2007): Lawang > > Saketeng, Carita Nyambung ("Si Ema Jeung Bi Yayah"), Mata Holang > > ("Jati Kasilih ku Junti"), Motekar ("Kang Eko, Webmaster Ramatloka > > Kusnet"), Panyawang ("Tanjakan Empang"), Napak Tilas ("Awal Ayana > > Kecap Sunda", tarjamaha tina seratan Prof. Dr. Ayat Rohaedi), > Carita > > Pondok ("Kanceuh" jeung "Bulan Mabra di Madinah"), Paribasa, > Angkulung > > Gubrag, Sabilulungan, Ubar Lembur ("Diabetes"), Pelesiran ("Curug > > Putri), Kabuyutan ("Aya Taman Sri Baginda di Pasir Eurih"--wah > mantab > > eung aya rubrik "kabuyutan", wilujeng), Sisindiran, Bale Paniisan > > ("Cinta Abubakar ka Mustapa"), Ceuleukeuteuk (pasti model 4S), > jeung > > Cahaya Syiar. > > > > --- > > Rupina sakitu wae heula minangka reportase amatiran kana karya > media > > citak Sunda anu nembe medal. Kalayan penggero kasing saha bae warga > > Kusnet anu aya waktos nyerat, mangg diantos sumbang seratna kanggo > > "Balebat" (sakumaha talatah ti Kang Runa). Panutup: Wilujeng ka > > dulur-dulur Kusnet anu aya di Bogor-Jakarta, anu tos ngalengkah > dina > > usaha ngeuyeuban bahan bacaan populer dina basa Sunda. Hatur nuhun > ka > > Kang Runa anu tos haat nganteurkeun eta majalah langsung ku > jinisna. > > > > baktos, > > manAR > > >

